Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf E Jeung G

Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf E Jeung G

Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf E

Elmu ajug.
Hartina : Pinter ari mapatahan ka batur mah, tapi prak ku manéh henteu.

Elmu sapi.
Hartina : Samiuk (guyub) dina kagorengan.

Elmu sapi.
Hartina : Samiuk (ngahiji) kana kagoréngan.

Elmu tumbila.
Hartina : Nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.

Elok bangkong.
Hartina : Nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh baé, keur ngaleupaskeun nyawa.

Endog mapatahan hayam.
Hartina : 
. Nu sahandapeun mapatahan ka nu saluhureun.
. Nu sangoraeun mapatahan ka nu sakoloteun.

Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabéh.
Hartina : Kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukama ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka saréréa.

Endog sasayang remek hiji, remek kabéh.
Hartina : Kajeun cilaka babarengan ti batan ngan saurang anu salamet, ari nuséjénna mah carilaka kabéh.

Endog tara megar kabéh.
Hartina : Najan saindung-sabapa henteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.


  • Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf G

Gagalana.
Hartina : Jagona, kokojona.

Galak sinongnong.
Hartina : Mimiti balég, ngeunaan ka parawan (cawéné, lanjang).

Galéhgéh gado.
Hartina : Daréhdéh, tapi henteu terus kana haté.

Gancang pincang.
Hartina : Ku lantaran digawéna buru-buru jeung kurang ati-ati, hasilna téh teu nyugemakeun.

Ganti pileumpangan.
Hartina : Ganti adat; anu tadina hadé jadi goréng atawa nu tadina goréng jadi hadé j.s.t.

Gantung déngé.
Hartina: Henteu terus bisa ngadéngékeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadéngékeun.

Gantung teureuyeun.
Hartina : Henteu bisa terus daharna, sabab dahareunana geus béak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula, ku Iantaran aya dahareun nu didagoan.

Gedé gunung pananggeuhan.
Hartina : Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegedén. Dinaurang aya karerepet atawa butuh ku pitulung, éta jelema bisa nulungan ka urang kukabeungharan atawa kakawasaanana.

Gedé gunung pananggeuhan.
Hartina : Adigung ku lantaran boga kolot atawa baraya baleunghar atawa jareneng.

Gedé hulu.
Hartina : Adigung.

Gedé-gedé kayu randu, dipaké pamikul bengkung, dipaké lincar sokanggang, dipaké pancir ngajedig.
Hartina : Ngeunaan ka jelema anu jangkung tur dedeg, ngan hanjakal gawéna jeung karajinanana goréng.

Geledug cés.
Hartina : Disangka arék hébat, tapi buktina atawa jadina mah henteu kitu.

Getas harupateun = Pingges harupateun.
Hartina : Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur.

Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma.
Hartina: Ari rupa mah tegep, ngan dangong dusun.

Geus cumarita
Hartina: Geus kawin sarta imah-imah sorangan; geus misah ti kolot.

Gindi pikir belang bayah.
Hartina: Goréng haté, dolim; julig; dengki.

Gindi pikir, belang bayah.
Hartina : Boga pikiran goréng ka papada kawula.

Ginding kakampis.
Hartina : Ari paké mah ginding, ngan duit teu boga.

Ginding kakampis.
Hartina : Ari paké mah ginding, ngan duit teu boga.

Giri lungsi tanpa hina.
Hartina : Nu luhurjeung nu handap sarua baé, ulah dihina!

Goong nabeuh manéh.
Hartina : Ngunggulkeun diri atawa kulawarga sorangan.

Goong saba karia.
Hartina : Datang sorangan ka nu keur kariaan sanajan henteu diondang ogé,maksudna hayang dititah digawé sangkan seubeuh baranghakan.

Gunung tanpa tutugan = Sagara tanpa tepi.
Hartina : Euweuh anggeusna, euweuh béakna.

Gunung tanpa tutugan.
Hartina : Euweuh anggeusna, teu béak-béak. Sasarina ngeunaan pagawéan atawa perkara.

Gurat batu.
Hartina : Pageuh kana jangji.

Gurat batu.
Hartina: Pageuh jangji, tara ngarobah naon baé anu geus dipasinikeun.

Gurat cai.
Hartina : Jalirjangji.

Guru, ratu, wongatua karo.
Hartina : Guru, Raja atawa Kapala Nagara, indung-bapa jeung mitoha, wajib dihormat jeung diturut paréntahna.

Gusti Allah tara nanggeuy di bongkokna.
Hartina : Gusti Allah tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosaka papada kawula.

0 Response to "Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf E Jeung G"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel