Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf D

Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf D

Kumpulan Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf D


Daék macok, embung dipacok.
Hartina : Daék ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah teu daék.

Dagang oncom, rancatan emas.
Hartina : Ari modalna gedé kacida, ngan bati anu diarahna pohara leutikna.

Dagang peda ka Cirebon.
Hartina : Henteu payu daganganana, sabab ngajualna ka tukangna, atuh tangtu baé moal dibeuli.

Dah bawang, dah kapas.
Hartina : Tah barangna, tah duitna.

Daharna sakésér daun.
Hanina : Ngeunaan ka barudak anu remen pisan dahar, méh taya towongna.

Daluang katinggang mangsi.
Hartina : Susuganan katuliskeun ayajodo (waris).

Dédéngé tara.
Hartina : Neruskeun béja anu tacan sidik pisan.

Deugdeug tanjeuran.
Hartina : Pada ngadeugdeug, pada nongton, sabab jadi deugdeugan, jadi tongtonan, ku tina pinterna dina kasenian, upamana : pinter tembang, ngacapi jst.

Deukeut-deukeut anak taleus.
Hartina : Ari imah mah puguh oge padeukeut, ngan hanjakal henteu nyaho tibaréto, yen éta téh baraya.

Deukeut-deukeut anak taleus.
Hartina : Ari imahna mah puguh ogé padeukeut, ngan hanjakal henteu nyaho ti bareto yén baraya.

Dibéjér-béaskeun.
Hartina : Ditérangkeun kalawan eces pisan

Diguley ku taina.
Hartina : Duit anu dijalankeun téh, beuki lila beuki gedé, lain ku lantaran modalna ditambahan, tapi ngagedéanana téh ku Iantaran loba kauntunganana.

Dihin pinasti, anyar pinanggih.
Hartina : Baheula ditangtukeunana, kakara ayeuna kalampahanana. Geus kitu tiajalina, kakara ayeuna kajadianana.

Dihin pinasti, anyar pinanggih.
Hartina : Baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna. Ngeunaan: papastén jelema

Dihurun-suluhkeun = Dikompét-daunkeun
Hartina Teu dibéda-béda, disaruakeun baé. Lamun goréng, goréng kabéh; lamun hadé, hadé kabéh.

Dihurun-suluhkeun = Dikompét-daunkeun.
Hartina : Saréréa disaruakeun baé. Mun salah, salah saréréa. Mun bener, bener saréréa.

Dikerid peuti.
Hartina : Euweuh nu tinggaleun, kolot-budak. awéwé-lalaki dibawa kabéh.

Dikompét-daunkeun = Dihurun-suluhkeun.
Hartina : Dihijikeun baé, disaruakeun baé, teu dipisah-pisah.

Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban.
Hartina : Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan.

Dipiamis buah gintung.
Hartina : Disangka hadé jeung bageur, tapi buktina goréng jeung jahat.

Ditangtang-diténgténg, dijieun bonténg sapasi.
Hartina : Dipandang anéh (modél).

Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareupsieup.
Hartina : Lenjang jeung geulis rupana.

Ditiung geus hujan.
Hartina : Kakara ati-ati, sanggeus meunang kasusahan atawa kacilakaan.

Diwayangkeun.
Hartina : Remen dicaritakeun kahadéanana atawa kagorénganana ka jalma loba.

Dogdog pangréwong.
Hartina : Bantuan anu lumayan pisan, nu euweuh hartina : dina teu ayana ogé teu naon-naon.

Dogong-dogong tulak cau geus gedé dituar batur.
Hartina: Ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik kénéh, sugan diparengkeun ku Nu Kawasa pipamajikaneun; na ari geus gedé dikawin ku batur, atuh hésé capé taya gawé.

Dosa salaput hulu.
Hartina : Teuing ku loba dosa.

Dulang tinandé.
Hartina : Awéwé mah nurutkeun baé, kumaha diaturna jeung diparéntahna ku nu jadi salaki.

Duum tinggi.
Hartina : Ngabagikeun naon-naon henteu kalawan adil, aya nu loba, aya nu saeutik.

0 Response to "Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf D"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel