Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf H

Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf H

Kumpulan Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf H

Hadé gogog, hadé tagog.
Hartina : Hadé basa jeung hadé tingkah-lakuna deuih.

Hade ku omong, goréng ku omong.
Hartina : Omongan nu hadé balukarna hadé, jeung omongan anu goréng, goréngdeui balukarna.

Halodo sataun lantis ku hujan sapoé.
Hartina : Kahadéan anu sakitu-lilana jeung gedéna, leungit ku kagoréngan atawa kacua sakali, tur leutik.

Halodo sataun, lantis ku hujan sapoé.
Hartina : Kahadéan anu sakitu gedéna tur lilana, leungit sama sakali ku kagoréngan atawa kasalahan sakali.

Hambur bacot, murah congcot.
Hartina : Goréng sungutna jeung sok mindeng nyarékan deuih, tapi béréhan. Sokdaék barangbéré dahareun.

Hampang birit.
Hartina : Daékan dititah.

Hampang birit.
Hartina : Gampang jeung daékan dititah.

Hampang leungeun.
Hartina : Babari neunggeul.

Hampang leungeun.
Hartina : Babari neunggeul, babari mergasa.

Handap Ianyap.
Hartina : Handap asor, daék ngahormat ka batur, tapi boga haté luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar. Temahna batur loba anu teu resepeun.

Hapa-hapa gé ranggeuyan.
Hartina : Enya ari miskin téa mah, ngan lumayan, da ari salaki mah boga.

Hapa-hapa gé ranggeuyan.
Hartina : Miskin-miskin ogé da boga salaki, aya nu ngurusjeung nangtayungan.

Haréwos bojong.
Hartina : Harewos anu cukup tarikna, nepi ka kadéngé ku jelema anu deukeut kalawan tétéla pisan.

Haripeut ku teuteureuyeun.
Hartina : Gancang atoh dina meunangna rejeki: naha duit, kadaharan atawa barang. kalawan teu ngingetkeun balukarna, ieu téh rejeki halal atawa haram.

Harus omong batan goong.
Hartina : Béja téh sasarina sok gampang jeung gancang naker nerekabna, kulantaran umumna sok pabéja-béja.

Hayang untung jadi buntung.
Hartina : Teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih sotéh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep-arep.

Héjo tihang.
Hartina : Resep jeung remen gunta-ganti imah, tempat atawa pagawéan.

Héjo tihang.
Hartina : Remen pindah tempat, imah atawa pagawéan.

Henteu asa jeung jiga.
Hartina : Teu asa-asa. Teu asa ka deungeun-deungeun, tapi asa ka dulur baé, ku lantaran geus lila babarenganana.

Henteu gedag bulu salambar.
Hartina : Henteu sieun atawa gimir saeutik-eutik acan.

Hérang caina beunang laukna.
Hartina: Nu dipikahayang bisa laksana tur henteu kalawan nganyenyeri batur.

Hérang caina, beunang laukna.
Hartina : Maksudna bisa kahontal kalawan bérés teu aya hiji pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri.

Hérang-hérang kari mata, teuas-teuas kari bincurang.
Hartina : Bareto mah beunghar, ayeuna kari miskinna.

Heueuh-heueuh bueuk.
Hartina : Ngarempugan ari di luarna mah, ngan baé henteu terusjeung haténa.

Heuras létah.
Hartina : Ku lantaran heuras haténa, omonganana ogé nyarugak, matak teu ngeunah ka batur.

Heurin ku létah.
Hartina : Teu kaduga ngabongkar hiji perkara, ku lantaran loba karisi-karémpan,paurjeung inggis ku balukarna.

Heurin ku létah.
Hartina : Hayang jeung perlu ngabéjakeun hiji perkara, ngan sieun pok, ku lantaran loba karisil karémpan.

Hirup dinuhun, paéh dirampés.
Hartina : Pasrah pisan, rido pisan: teu boga kahayang naon-naon.

Hirup ku panyukup, gedé ku paméré.
Hartina : Hirup samahi-mahi ku paméré batur baé. sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah.

Hirup ngabangbara
Hartina: Ari tempat pikeun matuh mah leutik tur teu tumaninah, tapi lamun kaluar ti imah ginding, teu éléh ku batur.

Hirup ulah manggih tungtung, paéh ulah manggih béja.
Hartina : Kudu bageur, kudu hadé laku-lampah, supaya alus kacaritakeunana.

Hujan cipanon
Hartina : Ceurik balilihan.

Hulu gundul dihihidan.
Hartina:
- Nu keur untung tambah untung.
. Nu keur ngeunah tambah ngeunah.
. Nu keur mulia tambah mulia.

Hunyur mandéan gunung.
Hartina : Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.

Hurung nangtung siang leumpang.
Hartina : Eukeur mah beunghar, loba pakéan anu aralus, turug-turug resep ngaginding deuih.

Hurung nangtung, siang leumpang.
Hartina : Ginding, karana maké papakéan atawa perhiasan anu aralus.

0 Response to "Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf H"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel