Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf C

Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf C

Kumpulan Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf C

Caang bulan dadamaran.
Hartina : Migawé anu kurang mangpaat.

Cacag-nangkaeun.
Hartina : Henteu bérés, henteu rata.

Caina hérang, laukna beunang.
Hartina : Hasil maksud kalawan bérés, teu aya kaributan atawa pacéngkadan naon-naon.

Cangkir emas eusi délan.
Hartina : Omonganana mah alus, nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapihaténa jahatjeung matak bahaya ka urang.

Cara (Kawas) kuda leupas ti gedogan.
Hartina : Bingung ku kamerdékaan. Terus sakama-kama nganteur kahayang,ngalajur napsu, lantaran euweuh anu ngageuing atawa nyengker.

Cara badak Cihéa.
Hartina : 1. Leumpangna nyuruntul baé. 2. Lamun papanggih dijalan, tara nanya-nanya acan.

Cara bueuk meunang mabuk.
Hartina : Ngeluk baé, teu lémék, teu nyarék, euweuh hojah, euweuh karep: euweuh kahayang sabab éra atawa sieun.

Cara cai dina daun bolang.
Hartina : Papatah anu henteu digugu, atuh teu aya mangpa'atna.

Cara embé.
Hartina : Embung mandi, sabab sieun ku cai.

Cara gaang katincak.
Hartina : Anu tadina ramé kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.

Cara jogjog mondok.
Hartina : Carékcok baé, mani gandéng naker.

Cara merak.
Hartina : Beuki pisan kana lada.

Cara simeut hiris, tai kana beuheung-beuheung.
Hartina : Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.

Carang takol.
Hartina : Saeutik caritana. Nu diomongkeun téh dicokot perluna bae.

Caréham hayameun.
Hartina : Gampang pisan laparna.

Cécéndét mandé kiara.
Hartina :
. Nu leutik nyaruaan nu gedé.
. Nu miskin nyaruaan nu beunghar.
. Nu Iembék nyaruaan anu kuat.

Ceuli Iéntaheun.
Hartina : Sok gagancangan nyaritakeun ka batur, naon baé anu geus kadéngé,turtaning tacan karuhan éta béja téh bener henteuna.

Ceuli léntaheun.
Hartina : Resep ngadéngékeun kagoréngan atawa kaaéban batur.

Cicing dina sihung maung.
Hartina : Nganjrek di jelema anu bisa nyusahkeun atawa nyilakakeun ka diri urang.

Cikal bugang.
Hartina : Maot pangheulana dina pangperangan.

Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok.
Hartina : Najan bodo asal leukeun diajarna laun-laun ogé tangtu bisa.

Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok.
Hartina : Ku dileukeunan mah sakumaha héséna ogé, laun-launjadi bisa.

Cileuncang mandé sagara = Cécéndét mandé kiara = Hunyur mandéangunung.
Hartina : Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.

Ciri sabumi, cara sadésa.
Hartina : Béda tempatna, béda deui adat jeung kabiasaanana.

Clik putih, clak hérang.
Hartina : Kaluar tina haté anu beresih, rido pisan, pasrah pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.

Congo-congo ku amis, mun rek amis oge puhuna.
Hartina : Kumaha arék bageurna di nu jadi anak, lamun bapana henteu bageurjst.

Cueut ka hareup.
Hartina : Geus kolot, geus deukeut ka paéh.

0 Response to "Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf C"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel