Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf T

Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf T

Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf T

Tai ka hulu-hulu.
Hartina : Teuing ku bodo.

Taman kaliung ku situ.
Hartina : Nu anyar anu kawentar, lain nu heubeul. Ngeunaan barang, upamana :imah.

Tamiang meulit ka bitis.
Hartina : Meunang wirang ku lantaran ngucah-ngacéhkeun rasiah batur.

Tamplok aseupan.
Hartina : Nurun sagemblengna ka anak, boh dedeg pangadegna, boh tingkah polahna.

Tamplok batokeun
Hartina : Teu bisa nyésakeun rejeki; sabaraha sabaraha ogé béak-béak baé.

Tamplok batokeun.
Hartina : Béréhan teuing, nepi ka urang mah susah.

Tanggung rénténg.
Hartina : Nginjeum duit ka Bank Ra'yat babarengan, nu jadi borehna lain imah,atawa tanah, tapi anu ngarinjeum téa silih borehan.

Tatah wadung.
Hartina : Banda meunang hésé capé, upamana imah turunan jst.

Taya dunya kinasihan.
Hartina : Ka saha baé ogé anu dipikaasih ku urang mah, euweuh hiji barang anu dikorétkeun.

Taya halodo panyadapan.
Hartina : Taya eureunna digelendeng atawa dicarékan.

Taya halodo panyadapan.
Hartina : Terus baé digelendeng atawa dicarékan.

Témbong gelor.
Hartina : Jigana deukeut, tapi saenyana mah jauh.

Témbong tambagana.
Hartina : Katémbong kagorénganana.

Teu aya sarebuk samérang nyamu.
Hartina : Teu aya saeutik-eutik acan.

Teu beunang dikoét ku nu kékéd.
Hartina : Teuing ku korét: tara pisan tutulung ka nu butuh, tatalang ka nu susah.

Teu boga pikir rangkepan.
Hartina : Teu curiga saeutik-eutik acan.

Teu busik bulu salambar.
Hartina : Teu rogrég-rogrég, malah unggul dinajuritna.

Teu cari ka Batawi, tapi ka salaki.
Hartina : Hakan-paké hayang ti salaki.

Teu diambeuan.
Hartina : Teu dipikasérab, teu dipikasieun.

Teu didingding kelir.
Hartina : Teu dibuni-buni, ditembrakkeun baé, teu dirusiahkeun.

Teu dipiceun sasieur.
Hartina : Sarua pisan teu aya bédana saeutik-eutik acan.

Teu ditari, teu ditakon.
Hartina : Teu dipaliré, diantep baé. Teu ditanya-tanya acan.

Teu gugur teu angin.
Hartina : Saméméh kajadian naon-naon, teu aya pisan béja, lantaran, atawa cicirénheula.

Teu hir teu walahir, teu kakak teu caladi, teu aro-aro acan.
Hartina : Teu baraya, teu kaka, teu adi, teu alo-alo acan. Teu baraya saeutik-eutikacan. Deungeun-deungeun tulén.

Teu jauh laukna.
Hartina : Ngeunaan ka jelema. Saha baé ogé tangtu aya pigawéeunana.

Teu jauh ti tihang juru, teu anggang ti tihang tengah.
Hartina : Nya goréng rupana, nya goréng kalakuanana, sok daék pulang-paling.

Teu kaur buluan.
Hartina : Teu kaur boga pakaya.

Teu mais teu meuleum.
Hartina : Teu aya patalina pisan.

Teu mais, teu meuleum.
Hartina : Teu pipilueun, teu aya patalina naonnaon.

Teu ngalarung nu burung, teu nyésakeun nu édan.
Hartina : Ngalajur hawa napsu ka awéwé, ka nu halal jeung nu haram ogé disaruakeun baé.

Teu nginjeum ceuli, teu nginjeum mata.
Hartina : Ngadéngé jeung nénjo sorangan, lain cenah jeung baruk.

Teu nyaho di alip bingkeng.
Hartina : Bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola.

Teu nyaho di hitut bau.
Hartina : Bodo kacida, teu nyaho di naon-naon.

Teu nyaho di lauk.
Hartina : Teu nyaho di kauntungan atawa piuntungeun.

Teu puguh alang-ujurna.
Hartina : Teu puguh éntép-seureuhna. Teu bérés. Lain kitu kuduna.

Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang.
Hartina : Balukarna henteu wawuh atawa henteu loma, tangtu pajauh atawa paanggang, henteu raket, teu medok sosobatan, teu silih tulungan atawa silib béréan. Hadéna mah sabalikna, sing wawuh jeung sing loma, sabab balukarna hadé pisan : Jadi sobat anu medok pisan, nepi ka silih tulungan, silih belaan dinaaya bancang-pakéwuh.

Ti batan meunang pala, anggur meunang palu.
Hartina : Jeung meunang kangeunahan mah, kalah ka meunang kateungeunahan (rugi, wiwirang, atawa kanyeri).

Ti kikirik nepi kajadi anjing.
Hartina : Ti bubudak nepi ka kolot.

Ti luhur sausap rambut, ti handap sahibas dampal.
Hartina : Ménta pangampura tina rumasa geus salah atawa boga dosa.

Ti peuting kapalingan, ti beurang kasayaban.
Hartina : Sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan.

Tiis ceuli hérang mata.
Hartina : Ngeunah haté ku lantaran ngeunah deudeuleuan jeung dédéngéan.

Tiis leungeun.
Hartina : Melak naon baé ogé sok jadi, tara paéh.

Tiis-tiis jahé.
Hartina : Henteu ribut, senang-senang baé, sanajan nyanghareupan pagawéan anuloba, tur bangga.

Tikoro andon peso.
Hartina : Nyampeurkeun pibalaieun atawa pisusaheun, ku nyampeurkeun jelemanu keur ijid atawa ngambek ka urang.

Tikoro andon peso.
Hartina : Ngadeukeutan jalma anu bakal ngahukum atawa nganyényeri ka diri urang.

Tikoro kotokeun.
Hartina :
. Lamun ngeunaan papakéan, hayang buru-buru dikaput jeung anggeus,supaya buru-buru bisa dipaké. . Lamun ngeunaan kadaharan, hayang buru-buru asak, basana téh hayang ngasaan kumaha rasana.
. Gampang pisan laparna.

Tilas tepus.
Hartina : Ngan ukur cukup baé, teu aya leuwihna, teu aya kurangna.

Tinggar kalongeun.
Hartina : Teu sieun atawa teu nurut, ku lantaran remen teuing digelendeng atawa dicarékan.

Tipu keling, ragaji lnggris.
Hartina : Pinter dina kajahatan, pinter dina ngabobodo atawa nipu.

Tisusut-tidungdung.
Hartina : Kumawula ka dunungan atawa ka anak-pamajikan kalawan popohoan teuing, nepi ka nyanghareupan rupa-rupa kasusah.

Titip diri, sangsang badan.
Hartina : Mihapékeun diri.

Titirah ngadon kanceuh.
Hartina : Sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusahan nu leuwih gedé.

Totopong heureut dibébér-bébér, geus tangtu soéh.
Hartina : Hésé béléké pisan nyukupkeun rejeki anu saeutik, lamun kasusahanana loba tur gedé.

Totopong heureut dibébér-bébér, tangtu soéh.
Hartina: Nyukupkeun ku pangala nu sakitu saeutikna. Tangtu baé matak jadi kasusahan, lamun rejeki atawa pangala ngan saeutik, ari kaperluan jeung pangaluaran anu sakitu lobana.

Tuang jinis.
Hartina : Seuri mani akey-akeyan ku lulucon anu sorangan, tapi babaturan mah marolongo bae da teu ngalartieun.

Tugur tundan, cuntang gantang.
Hartina : Ngajalankeun pagawéan pikeun Nagara.

Tumpang-sirang.
Hartina :. Tumarumpang, teu leleb cumonggahna.. Teu pantes barang pakéna.

Tunggul diparud, catang dirumpak.
Hartina : Euweuh nu dipikasérab, terus baé ngalajur napsu.

Tunggul kuras.
Hartina : Teuteundeunan (duit) anu kakara dipaké Iamun pohara perluna.

Tunggul sirungan, catang supaan.
Hartina : Aya kajadian anu goréng atawa matak teu ngeunah di ahirna.

Tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan.
Hartina : Junun nyanghareupan pagawéan anu nuju dilampahkeun, teu kaganggu ku naon-naon.

Turun ka ranjang.
Hartina :
. Mun ninggang di awéwé, kawin ka adi salakina anu geus maot.
. Mun ninggang di lalaki, kawin ka adi pamajikanana nu geus maot.

Tutung atahan.
Hartina :
. Mun ngeunaan pagawéan atawa jijieunan : hadé sawaréh.
. Mun ngeunaan pangarti : aya nu apal, aya nu henteu, atawa aya nu bisa, ayanu henteu.

Tuturut munding.
Hartina : Nurutan batur baé, boh bener, boh salah.

Tuturut munding.
Hartina : Nurutan batur, kalawan teu dipikir heula hade goréngna.

0 Response to "Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf T"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel