Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf U Jeung W

Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf U Jeung W

Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf U Jeung W
Ulah beunghar méméh boga.
Hartina : Ulah adigung nyéta-nyéta anu beunghar, tur taning henteu atawa tacan boga pakaya.

Ulah cara ka Kembang malati, kudu cara ka picung.
Hartina : Ulah ngurangan kanyaah, kudu beuki Iila beuki nyaah.

Ulah cara ka kembang malati, kudu cara ka picung.
Hartina : Ulah sok bosenan ka pamajikan. Hadéna mah ti keur ngora kénéh nepi ka geus kolot, lain beuki lila beuki bosen, tapi beuki lila beuki welas asih.

Ulah kabawa ku sakaba-kaba.
Hartina : Ulah kabawa ku nu teu paruguh. maksudna : kabawa ku jurig, dedemit jst.

Ulah muragkeun duwegan ti Iuhur.
Hartina : Masing nyaah kana rejeki meunang hésé capé Iadang kesang, pacuan arék dimonyah-monyah.

Ulah ngéok, méméh dipacok.
Hartina : Ulah arék horéam ti saméméhna. Lamun urang nyanghareupan pagawéan anu bangga, prung baé heula lampahan, 

Ulah pangkat méméh jeneng.
Hartina : Ulah adigung hayang nyaruaan ka nu geus jeneng, lamun urang henteu atawa tacan jeneng.

Ulah tiis-tiis jahé.
Hartina : Kudu iatna.

Ulah unggut kalinduan, ulah gedag kaanginan.
Hartina : Ulah kagoda, kaganggu atawa kabéngbat ku rupa-rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hadé.

Uncal tara ridu ku tanduk.
Hartina : Jelema mah tara pusing atawa kaganggu ku élmuna anu loba.

Uyah tara téés ka luhur.
Hartina : Kabiasaanana sipat indung bapa anu hadé atawa goréng, sok nurun ka anak-incuna.

Waspada permana tingal.
Hartina : Bisa nyaho kana naon-naon anu tacan atawa arék kajadian.

Wawuh munding.
Hartina : Ngan ukur wawuh meueusan. Di jalan mah sok silih tanya, tapi teu nyahodi ngaranna atawa tempatna.

Weruh sadurung winarah.
Hartina : Bisa nyaho kana naon-naon anu teu acan atawa arék kajadian, saméméh aya anu, mapatahan atawa ngajar.

Wiwirang di kolong catang, nya gedé, nya panjang.
Hartina : Wiwirang anu pohara gedéna.

Wong asih ora kurang pangalem, wong sengit ora kurang panyacad.
Hartina : Nu keur nyaah, deudeuh, moal kurang pijalaneunana enggoning némbongkeun kanyaahna atawa kadeudeuhna, naha ku omongan atawa kubarang.Sabalikna; nu keur ambek atawa ngéwa, moal kurang pijalaneunana enggoning nembrakkeun kakeuheulna atawa kangéwana.

Wong becik ketitik, wong ala ketara.
Hartina : Kahadéan atawa kagoréngan urang teu bisa disumputkeun dibuni-buni,awal-ahir bakal nembrak katémbong. leu téh pépéling, supaya urang nunda laku-lampah anu salah.

0 Response to "Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf U Jeung W"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel