Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf J

Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf J

Kumpulan Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf J

Jabung tumalapung, sabda tumapalang.
Hartina: Milu nyaritakeun hiji perkara, sakapeung némpasan omongan batur, nyeta-nyeta jiga nu nyaho, turtaning (padahal) teu nyaho di naon-naon.

Jadi maung malang.
Hartina : Jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awéwé.

Jadi sabiwir hiji.
Hartina : Jadi carita jelema loba.

Jadi senén kalémékan.
Hartina : Mindeng dicaritakeun.

Jaman cacing dua saduit.
Hartina : Baheula pisan.

Janget kina telon.
Hartina : Turunan alus atawa goréng ti indung-bapa; ngeunaan ka sasatoan.

Jantungeun.
Hartina : Ngahuleng baé teu lémék teu nyarék, lantaran kagét kacida.

Jati kasilih ku junti.
Hartina : Pribumi kaéléhkeun ku urang asing, upamana : dina perkara nyiar kipayah.

Jati kasilih ku junti.
Hartina : Pribumi kaéléhkeun ku urang asing.

Jauh jauh-panjang gagang.
Hartina : Hanasjauh-jauh ogé dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.

Jauh ka bedug, anggang ka dayeuh.
Hartina : Dusun teu nyaho di tata-titi, tindaktanduk, suba-sita, duduga jeung peryoga.

Jauh ka bedug.
Hartina : Dusun, bodo, euweuh kanyaho.

Jauh tanah ka langit.
Hartina :
- Pohara bédana, ngeunaan kakayaan atawa martabatna.
- Kahayang anu luhurteuing, pimohaleun kahontal.

Jauh tanah ka langit.
Hartina : Pamohalan nu sarupa kitu bisa kajadian.

Jawadah tutung biritna, sacarana-sacarana.
Hartina : Unggal bangsa béda adatna jeung kabiasaanana.

Jégjég cékér.
Hartina : Capé ku lantaran leumpang ka ditu ka dieu baé.

Jéjér pasar.
Hartina : Lumrah baé. Mun ngeunaan ka lalaki, kasép henteu, goréng henteu. Mun ngeunaan ka awéwé, geulis henteu goréng henteu.

Jelema pasagi.
Hartina : Loba kakayaanana jeung pangawéruhna.

Jeung léwéh mah mending waléh.
Hartina : Leuwih hadé wakca balaka ngedalkeun kahayang, ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.

Jogjog neureuy buah loa.
Hartina : Milampah anu moal pihasileun.

Jogjog neureuy buah loa.
Hartina : Mikarep ka nu lain babad.

0 Response to "Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf J"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel