Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf K

Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf K

Kumpulan Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf K
Ka bala, ka balé.
Hartina : Bisa nyaluyukeun diri di tempat mana baé. atawa jeung jelema nu kumaha baé.

Ka cai jadi saleuwi, ka daratjadi salebak.
Hartina : Sauyunan, layeut pisan, kamana-mana ogé babarengan baé.

Ka luhur teu sirungan, ka handap teu akaran.
Hartina : Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah, moal aya kamajuanana, boh ngeunaan pangkatna, boh ngeunaan rejekina.

Kacanir bangban
Hartina: Meunang wiwirang = Kawiwirangan

Kaceluk ka awun-awun, kawentar ka janapria, ka koncara kamancanagara.
Hartina : Kawentar ka mana-mana.

Kaciwit kulit kabawa daging.
Hartina : Kababawa, katurak-tarik kana hiji perkara. Keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana.

Kahieuman bangkong
Hartina : Ku lantaran mangnyimpenkeun barang batur, nepi kajiga nu beunghar.

Kahieuman bangkong.
Hartina : Ku ayana barang titipan di urang, urang téh nepi ka jiga beunghar katénjona ku batur mah, padahal miskin teu boga naon-naon.

Kai teu kaur ku angin.
Hartina : Unggal jelema awal-ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan.

Kajeun kendor ngagémbol, tibatan gancang pincang.
Hartina : Pagawéan urang téh kajeun teuing lila anggeusna, tapi hadé. leu téh leuwih utama ti batan gagancangan migawéna, tapi hasilna goréng.

Kajeun pait tungtung amis, manan amis tungtung pait.
Hartina : Ti batan ahirna matak susah, leuwih hadé dicaritakeun ti heula, naon anu matak pisusaheunana.

Kajeun panas tonggong, asal tiis beuteung.
Hartina : Kajeun teuing capé digawé, asal bisa dahar kalawan cukup.

Kalapa bijil ti cungap.
Hartina : Ngucah-ngacéh rasiah sorangan, anu matak cilaka.

Kandel kulit beungeut.
Hartina :. Taya kaérana, atawa. Saeutik kaérana.

Kandel kulit beungeut.
Hartina : Teu boga kaéra.

Kandel kulit beungeut.
Hartina : Euweuh kaéra.

Karawu kapangku.
Hartina :
. Teu matak kitu kieu, sabab panarimaan geus bisa nutup pangaluaran.
- Susah-payahna jeung pait-peuheurna geus kalakonan, di turunan mah muga-muga ngan kari ngeunahna baé.

Katempuhan buntut maung.
Hartina : Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna.

Katumbukan catur, kadatangan carita.
Hartina : Loba anu embung, sabab ngagedékeun jeung ngagugulukeun panyéréwédan.

Kawas anjing kadempét lincar.
Hartina : Méré parentah ka batur teu kalawan sabar, malah bari ambek-ambekan sagala.

Kawas bangkong katuruban batok.
Hartina : Bodo katotoloyoh, euweuh pisan kanyaho.

Kawas cai dina daun taleus.
Hartina : Ngaléak-Iéak baé béak, teu aya pisan ngarina. Ngeunaan rejeki.

Kawas cucurut kaibunan.
Hartina : Ngeunaan ka jelema anu goréng patut rupana, matak sareukseuk panon anu nénjo.

Kawas hayam keur endogan.
Hartina : Ciling-cingcat baé, teu bisa cicing.

Kawas hayam panyambungan.
Hartina : Tacan nyaho di kalér-kidul, kawantu anyar kénéh aya di éta tempat.

Kawas ka budak rodék hulu.
Hartina : Teu ngupama (ngajénan, ngahargaan) pisan.

Kawas kacang ninggang kajang.
Hartina : Ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan ka awéwé nu keur ngambek bari nyarékan.

Kawas kedok bakal.
Hartina : Rupana goréng kacida.

Kawas lauk asup kana bubu.
Hartina : Gampang asupna kana hiji pagawéan, tapi pohara héséna dina hayang kaluar ninggalkeun éta pagawéan.

Kawas lauk asup kana bubu.
Hartina : Gampang meunangna jeung asupna kana hiji pagawéan, tapi hésé béléké kaluarna jeung ngécagkeunana éta pagawéan.

Kawas leungeun anu palid.
Hartina : Ngopépang leungeunna teu daék cicing1 sakur jalma nu deukeut dirampa atawa di. cekel.

Kawas nanggeuy endog beubeureumna.
Hartina : Nyaah teu aya wates-wangenna. Balukarna : paur baé nu aya téh, bisijelema anu dipikanyaahna téa papanggih jeung kasusahan.

Kawas nu mulangkeun panyiraman.
Hartina : Sok nu lain-lain jeung hésé ngayakeunana anu dipikahayang ku jelema anu téréh ajal mah, kahayangna téh sabisa-bisa mah kudu dicumponan baé,sanajan matak ngarépotkeun ka ahlina.

Kawas siraru jadi.
Hartina : Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.

Kawas supa jadi.
Hartina : Gancang pisan jadina jeung ngalobaanana. Upamana : ngeunaan koperasi dina jaman kiwari.

Kawas térong beulah dua.
Hartina : Sarua baé rupana (sakarupa), naha adi jeung lanceuk atawa anak jeung indung-bapa.

Kawas wayang pangsisina.
Hartina : Goréng rupana. Ngeunaan ka jelema.

Kebo mulih pakandangan.
Hartina : Balik ka lembur sorangan sabadana ngumbara di lembur batur.

Kéjo asak, angeun datang.
Hartina : Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangké deui harita kénéh dilaksanakeun.

Kélékjalan.
Hartina : Ngeunaan tempat anu teu gampang didatanganana, karana tempatna jauh ti jalan gedé.

Kembang mata.
Hartina : Nu dipika asih, boh jalma, boh sato atawa barang.

Keur meujeuhna bilatung dulang.
Hartina : Laleutik kénéh pisan, keur meujeuhna bareuki dahar.

Keur meujeuhna héjo lembok rambay carita.
Hartina : Keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki.

Keur nuju béntang surem.
Hartina : Keur sué, atawa tiis badan; lamun guna-tani ku hama jeung lamun dagang terus-terusan rugi baé.

Keur tulang tonggong.
Hartina : Keur sasadiaan di ahir, di mana papanggih jeung pangabutuh.

Keur tulang-tonggong.
Hartina : Kakayaan anu matak teteg atawa reugreug kana haté, karana sawaktu-waktu Iamun aya kaperluan penting, bisa dipaké.

Kiceupna sabedug sakali.
Hartina : Pohara lungguhna.

Kiruh ti girang, kiruh ka hilir.
Hartina : Lamun anu di luhurna teu balageur jeung teu balener, nu di handapna oge tangtu milu teu balageur jeung teu balener.

Kokojona.
Hartina : Pangpinterna.

Kokolot begog.
Hartina : Nyanyahoanan.

Kokoro manggih mulud = Puasa manggih lebaran.
Hartina : Anu saumur-umur miskin, tuluy dina hiji waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gedé, sasarina sok pohara kacemekanana, nepi ka siga numangpang-meungpeung.

Kokoro nyenang.
Hartina :
- Teu merenah, teu pantes da lain dina tempatna: ngeunaan barang atawa papakéan.
. Ngeunaan jelema miskin nu nembongkeun kabogana ku lantaran hayang dipuji.

Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam.
Hartina : Teuing ku miskin.

Kolot sapeuting.
Hartina : Geus meunang umur ari jelemana mah, ngan teuing ku bodo, euweuhkanyaho.

Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang = Lauk burukmilu mijah = Piritan milu endogan.
Hartina : Pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goréng katénjona.

Kudu bisa ngeureut miceun (ngeureut neundeun).
Hartina : Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik.

Kudu boga pikir kadua leutik.
Hartina : Ulah sabongbrong teuing. kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga.

Kujang dua pangadékna.
Hartina : Hiji pagawéan anu ngandung dua maksud.

Kulak canggeum.
Hartina : Milik hadé atawa goréng anu geus ditangtukeun ti ajalina kénéh ku Gusti nu Maha Suci.

Kumaha bulé hideungna baé.
Hartina : Kumaha engké baé buktina.

Kumaha kejebur caina, geletuk batuna baé.
Hartina : Kumaha béhna baé. henteu jadi pikiran.

Kunang-kunang nerus bumi.
Hartina : Ramana geus teu jeneng deui. Di putra awal-ahir aya anu jeneng cara ramana.

Kuru cileuh, kentel peujit.
Hartina : Nuju tirakat. napaan awak atawa anak ku ngurangan saré jeung dahar.

Kurung batok
Hartina : Teu resep nyanyabaan, ni'mat cicing di imah baé.

Kurung batok.
Hartina : Ngahékok baé di lembur, carang pisan nyanyabaan: balukarna saeutik pisan pangalamanana jeung kanyahona.

0 komentar

Post a Comment