Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf I Jeung L

Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf I Jeung L

Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf I Jeung L
leu aing uyah kidul.
Hartina : Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.

leu aing.
Hartina : Boga rasa pangpunjulna, pangbeungharna atawa panggagahna.

llang along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satétés, ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyérénkeun.
Hartina : Masrahkeun sagala-galana, hadéna, goréngna, bagjana, cilakana.

lndit sirib anak-éwé.
Hartina : Teu saurang-urang acan anu ditinggalkeun, awéwé-Ialaki, kolot-budak, dibawa kabéh.

lndung lembu bapa banténg.
Hartina : Ti indung ti bapa turunan beunghar.

lndung suku ogé moal dibéjaan.
Hartina : Baraya nu pohara deukeutna ogé moal rek dibéjaan.

lnggis batan maut hinis = Rémpan batan mesat gobang.
Hartina : lnggis jeung paur kabina-bina.

lnggis batan maut hinis.
Hartina : Pohara risina.

lpis kulit beungeut.
Hartina : Gedé kaéra

lwak nangtang sujén.
Hartina : Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa pibahayaeun.

Lain Iantung tambuh laku, lain léntang tanpa béja, Iain leumpang maladra.
Hartina : lndit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lampah sakaparan-paran henteu puguh nu dijugjug, henteu nyata nu diseja.

Lain ka tulang munding kabeureuyan mah, ku cacuk peda.
Hartina : Arék cilaka mah ku kasalahan anu leutik ogé bisa, teu kudu kasalahan anu gedé baé.

Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda.
Hartina : Perkara leutik, tapi bisa jadi matak cilaka.

Landung kandungan, laér aisan.
Hartina : Gedé timbanganana, gedé pangampurana.

Langsung saur, bahe carék.
Hartina : Sok gampang ngagelendeng atawa nyarékan.

Lauk buruk milu mijah = Piritan milu endogan.
Hartina : Pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goréng katénjona.

Lauk buruk milu mijah = Piritan milu endogan.
Hartina : Pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goréng katénjona.

Legok tapak genténg kadék.
Hartina : Loba luangna, pangalamanana jeung kanyahona.

Legok tapak, genteng kadék.
Hartina Loba luangna, loba pangalamanana.

Léngkah kapiceun.
Hartina : Teu beubeunangan. Nyanyabaan ka ditu ka dieu anu teu ngahasilkeun naon-naon.

Lesang kuras.
Hartina : Teu bisa nyésakeun rejeki: loba atawa saeutik ogé béak-béak baé, taya pisan sésana.

Leubeut buah, héjo daun.
Hartina : Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.

Leuleus awak.
Hartina : Babari jeung daékan dititah.

Leuleus jeujeur, Iiat tali.
Hartina : Gedé hampurana. Ka nu gedé ka nu leutik dosana, ngama'lum baé.

Leuleus jeujeur, liat tali.
Hartina : Adil pohara.

Leuleus kéjo poena.
Hartina : Beuki lila beuki bageurjeung sabar, anu tadina mah sakitu bengisna.

Leumpeuh yuni.
Hartina : Gampang pisan kaancikan susah haté, atawa teu kuat nahan gogoda.

Leunggeuh cau beuleum.
Hartina : Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawéan.

Leutik burih.
Hartina : Leutik wawanén.

Leutik cahak, gedé cohok.
Hartina : Pangasilanana ngan saeutik, tapi ari pangaluaranana mah gedé.

Leutik ringkang gedé bugang.
Hartina : Jelema mah teu beunang disapirakeun, sabab sanajan leutik warugana,dina aya papaitna atawa bobor karahayuanana mah, bisa jadi kasusah saréréa anugedé.

Leutik-leutik ngagalatik.
Hartina : Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur dedeg, tapi lébér ku wawanén.

Leuwi jero beunang diteuleuman, haté jelema najan déét teu kakobét.
Hartina : Hadé goréngna pikiran jelema hésé dikira-kirana.

Lieuk euweuh ragap taya.
Hartina : Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon-naon.

Loba teuingjaksa.
Hartina : Loba teuing nu pinter, nu ngatur jeung mapatahan; balukarna matak bingung ka nu dipapatahanana.

Lodong kosong ngelentrung.
Hartina : Ari carita mah beunang diandelkeun jeung diadukeun, ngan kanyaho euweuh.

Lodong kosong ngelentrung.
Hartina : Kalah ka loba omong baé, ari pangartina mah euweuh.

Luhur kuta, gedé dunya.
Hartina : Gagah tur beunghar, taya kakurang.

Luhur tincak
Hartina : Gedé hulu, cetaan, resep niru kalakuan jelema nu laluhur pangkatna atawa loba kakayaanana.

Luncat mulang.
Hartina : Teu beunang dicekel omonganana, sabab sok robah.

Luncat mulang.
Hartina : Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu, engké mah kitu.

Lungguh tutut.
Hartina : Siga lungguh, tapi ari saenyana mah henteu.

Lungguh tutut.
Hartina : Katénjona siga lungguh, tapi saenyana mah henteu.

0 Response to "Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf I Jeung L"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel