Wanda Wacana Basa Sunda

Wanda Wacana Basa Sunda

Wanda Wacana Basa Sunda, Dumasar kana médium anu dipakéna, wacana bisa dibédakeun jadi dua wanda, nya éta wacana lisan jeung wacana tulis. Ieu dua rupa wacana téh aya sasaruaan jeung aya bédana. Sasaruaan wacana lisan jeung wacana tulis pada-pada miboga kaédah tata basa (gramatika) jeung kandaga kecap (léksikon). Ari bédana nya éta lebah médiumna, wacana lisan patali jeung ucapan atawa omongan (fonologis), wacana tulis patali jeung aksara jeung éjahan (grafologis). 

1.  Wacana Lisan
Wacana lisan nya éta wacana anu dipidangkeun maké basa lisan. Pikeun narima jeung nyangkem wacana lisan, pamiarsa kudu ngaregepkeun omongan panyatur kalawan daria. Aya rupa-rupa wacana lisan, di antarana, ceramah,  biantara, hutbah, diskusi, jeung wangkongan. Bisa jadi  aya wacana lisan anu dihasilkeun ku cara ngagalantangkeun wacana tulis saperti macakeun naskah  biantara, macakeun dongéng, jeung maca sajak.

2. Wacana Tulis
Wacana tulis nya éta wacana anu dipidangkeun maké basa tulis. Pikeun narima jeung nyangkem wacana tulis,  pamiarsa kudu maca bacaan kalawan daria. Aya rupa-rupa  wacana tulis, di antarana, artikel, makalah, skripsi, surat, jeung buku.

0 Response to "Wanda Wacana Basa Sunda"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel