Adegan Wacana Basa Sunda

Adegan Wacana Basa Sunda

Wangenan Adegan Wacana, Minangka salasahiji wangunan basa pangjembarna, wacana miboga dua adegan, nya éta adegan lahir jeung adegan batin. Adegan lahir wacana nyoko kana kohési, ari adegan batinna nyoko kana kohérénsi. Sangkan wacana téh kohésif, panyatur kudu boga pangaweruh kaédah basa, kanyataan (réalitas), katut prosés nalar minangka panyindek sintaksis. Hartina, wacana kakara bisa disusun kalawan kohésif tur kohérénsif lamun aya kasaluyuan antara kotéks (situasi batin basa) jeung kontéks (situasi lahir basa)

Kohési
Kohési mangrupa aspék formal basa dina wacana, kaasup organisasi sintaksis, wadah kalimah-kalimah disusun kalawan dalit tur kompak jadi wacana atawa téks. Cindekna, kohési téh nya éta patali harti antara kalimah-kalimah atawa proposisi dina wacana. Satuluyna, kohési wacana bisa diwincik saperti dina  bagan ieu di handap.

Bagan 5.5: Wanda Kohési
  • Gramatikal :
  1.   Référénsi
  2.   Subsitusi
  3.   Ĕlipsis
  4.   Paralélisme
  • Konjungsi
  1.   Satata
  2.   Sumeler
  3.   Papasangan
  4.   Anteuran
  • Léksikal
  1.   Sinonimi
  2.   Antonimi
  3.   Hiponimi
  4.   Kolokasi
  5.   Répétisi
  6.   Ĕkuivalénsi

0 Response to "Adegan Wacana Basa Sunda"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel