Narasi Atawa Caturan Basa Sunda

Narasi Atawa Caturan Basa Sunda

Narasi Atawa Caturan Basa Sunda, Narasi atawa caturan mangrupa wacana anu eusina nyaritakeun lumangsungna kajadian atawa peristiwa kalawan ngaruntuy, boh nu sipatna nyata (faktual) boh  nu sipatna rékaan (imajinatif). Kajadian kajadian carita téh disusunna, dipatalikeunana, heula pandeurina, jeung  dirékana dina wangun carita nepi ngawujud fiksi nu gembleng. Sasaran utamana nya  éta tingkah polah nu diracik jeung diruntuykeun jadi hiji kajadian dina gunggungan waktu. Ku kituna, wacana narasi bisa dipaké ngajawab pananya Naon anu geus kajadian?"

Aya dua rupa narasi, nya éta narasi ékspositoris jeung narasi sugéstif. Narasi ékspositoris miboga ciri-ciri, di  antarana, dipaké keur ngajembaran kaweruh jeung nepikeun wawaran kajadian, dumasar kana daya nalar geusan  ngahontal kasaluyuan rasional, basana informatif, jeung kecap-kecapna dénotatif. Sabalikna, narasi sugéstif miboga ciriciri,  di antarana,  dipaké keur nepikeun amanat nu nyamuni, dumasar kana daya hayal  geusan ngahontal kasaluyuan imajinatif, nalar ngan ukur alat keur nepikeun ma‘na, basana figuratif, jeung kecap-kecapna konotatif. 
Contona:
Harita téh kuring tos nyaba, kabeneran leungeun téh teu jingjing teu bawa, nya rék naék ojég wé cékéng téh.Brang geus deukeut ka pangkalan ojég, katingali aya ibu-ibu keur pepeta, sangkaan téh keur ngobrol biasa wé jeung  tukang ojég. Tapi barang didédéngékeun téh geuning keur nyarékan tukang ojég. (Manglé No. 1950:69)

0 Response to "Narasi Atawa Caturan Basa Sunda"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel