Basa Sunda Anu Bener Tur Merenah

Basa Sunda Anu Bener Tur Merenah

Basa Sunda anu Bener tur Merenah, Pancén utama basa téh pikeun alat komunikasi. Ari komunikasi basa dina enas-enasna mah nepikeun amanat ka nu lian maké basa.Ngarah amanat téa nepina ka  pamiarsa luyu jeung pamaksudan panyatur sarta teu matak pasalia paham,enggoning maké basa Sunda kudu bener tur merenah.  Basa anu bener nya éta basa nu dipakéna kukuh kana aturan atawa kaédah basa. Ari basa anu merenah nya éta basa anu keuna larapna atawa luyu kana kontéks situasi makéna. Ku kituna, basa Sunda nu bener tur merenah kudu nyoko kana :
  1. Undakusuk  basa, 
  2. Saha  nu  maké  basa jeung nu dicaritakeun, 
  3. Galur omongan atawa adegan basa,
  4. Kasang tukang tempat, waktu, jeung suasana, 
  5. Alat  nu  digunakeun, 
  6. Rasa,  nada,  jeung  ragam  basa, sarta
  7. Amanat jeung tujuan omongan.

0 Response to "Basa Sunda Anu Bener Tur Merenah"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel