Kalungguhan Jeung Pancén Basa Sunda

Kalungguhan jeung Pancén Basa Sunda

Kalungguhan jeung Pancén Basa Sunda
Basa Sunda mangrupa basa indung pikeun urang Sunda, boh anu mangkuk  di  Jawa Barat  boh  di saluareunana.  Jumlah  panyaturna  ogé kaitung réa,  malah kaasup basa daérah kadua panggedéna di Indonésia sabada basa Jawa. Kalungguhan basa Sunda saméméh kamerdikaan nya éta salaku  basa pribumi. Sabada puseur dayeuh Karesidénan Priangan dipindahkeun  ti  Cianjur  ka  Bandung, peranan kota Bandung téh dina ngamekarkeun budaya Sunda beuki undak. Basa Sunda di wewengkon Bandung  leuwih  undak  kalungguhanana  ti  batan  basa  Sunda wewnegkon séjénna. Samalah dina Lambaran Nagara (Staatsblad) No. 125 Taun 1893, Ayat 6, ditetepkeun yén basa pribumi anu diajarkeun di  sakola  nya  éta  basa  pribumi  anu  dianggap  pangberesihna,  saperti keur sakola-sakola  di  Jawa  Barat  kudu  basa  Sunda  Bandung.  Nya  ti harita munculna sesebutan basa sakola, nya éta basa anu diajarkeun di sakola-sakola. Ti dinya sesebutan basa sakola téh robah deui jadi  basa lulugu  atawa  basa  baku.  Atuh  basa  Sunda  wewengkon  Bandung  ogé robah  jadi basa Sunda  lulugu.  Ari  kuduna  mah,  istilah  basa  lulugu (baku)  téh dipateungteungkeun  jeung  basa teu  lulugu  (baku).  Ngan pédah  dina  kahirupan  masarakat  Sunda  muncul  istilah  basa  Sunda wewengkon  minangka lalawanan tina basa Sunda lulugu téh.

Kiwari basa Sunda téh kaasup basa daérah nu masih dipiara tur diparaké  ku masarakatna.  Ku kituna, hirup-huripna  basa  Sunda  ogé ditangtayungan ku nagara. Luyu jeung UUD 1945, Bab XV, Penjelasan Pasal  36,  anu  nétélakeun  yén Di  wewengkon-wewengkon  anu mibanda  basa sorangan,  anu  dipiara  ku  rayatna  kalawan  hadé-hadé (upamana  basa  Jawa,  Sunda,  Madura, jeung  sajabana),  éta  basa-basa téh bakal diajénan jeung dipiara ogé ku nagara. Dipiarana basa Sunda ku  masarakatna  ébréh  tina  tarékah  anu  dipilampah  ku  LBSS  jeung Lembaga  Swadaya Masarakat  (LSM)  lianna,  katut  penerbit  dina medalkeun buku-buku sarta kalawarta Sunda. Ari dipiarana basa Sunda ku  pamaréntah  ébréh  tina  ayana  pangajaran  basa  Sunda  di  SD  jeung SMP ditambah  ku  sawatara  SMU/SMK  jeung  paguron  luhur  saperti UPI,  UNPAD,  jeung  UNPAS, sarta  diadegkeunana  Proyék  Penelitian Tatabasa Sunda Kiwari Bahasa  dan  Sastra  Indonésia  dan Daérah-Jawa  Barat  Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa, Balai Bahasa Bandung, jeung 
Balai Pengembangan Bahasa Daérah Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat.  Bukti  lian  dipiarana basa  Sunda  ku  pamaréntah  nya  éta kaluarna  Perda  Propinsi  Jawa  Barat  Nomor  5  Tahun  2003 perkara Pemeliharaan  Bahasa,  Sastra  dan  Aksara  Daérah   serta  Petunjuk Pelaksanaannya.

Hirup kumbuhna basa Sunda raket patalina jeung kahirupan sosial-budaya anu makéna. Ku kituna, jaba ti jadi unsur budaya Sunda, basa Sunda miboga fungsi jadi wahana pikeun mekarkeun budaya Sunda deuih. Jaba  ti  éta,  basa  Sunda  anu  mibanda kalungguhan  jadi  basa daérah  téh  sagulung-sagalang  jeung  basa Indonésia  katut  basa  asing.  Balukarna  di  antara  éta basa-basa  téh pasosok.

Dina  kalungguhanana  jadi  basa  daérah,  saperti  nu dicindekkeun  ku  Seminar  Politik  Bahasa Nasional  1975  di  Jakarta, basa  Sunda  miboga  pancén  atawa  fungsi  jadi  :

  1. lambang  kareueus masarakat  Sunda,   
  2. lambang  jatidiri  (idéntitas)  masarakat  Sunda, 
  3. alat paguneman di lingkungan kulawarga jeung masarakat Sunda, 
  4. pangdeudeul  basa  nasional, 
  5. basa  panganteur  di  sakola  dasar (SD)  di  kelas-kelas  munggaran  pikeun  ngalancarkeun  pangajaran basa Indonésia jeung pangajaran lianna, sarta 
  6. alat pamekar jeung pangdeudeul budaya Sunda (ilikan Halim Ĕd., 1980:151). 

Perkara  kalungguhan  jeung  fungsi  basa  Sunda  kungsi ditandeskeun  deui  dina  Kongrés Basa Sunda  V  taun  1988  di Cipayung Bogor ku  Aweuhan Cipayung,  anu eusina galeuhna nyoko kana tujuh hal, nya éta :

  1. basa Sunda miboga kalungguhan jadi basa daérah,
  2. basa Sunda miboga fungsi nu tangtu,
  3. basa Sunda jadi unsur budaya Sunda nu boga daya tur poténsi ngawewegkeun pribadi masarakat  Jawa  Barat  dina  ngukuhan  katahanan  nasional,
  4. basa Sunda  bisa  dipaké  pakakas  dina  ngadeudeul  pangwangunan  Jawa Barat,
  5. basa Sunda ngeunteungkeun ajén-inajén budaya Sunda,
  6. basa  Sunda  miboga  adegan  anu  angger  bari  tetep  nampa  pangaruh luar,  jeung
  7. basa  Sunda  bakal  leuwih  mekar  ku  pangdeudeul rupining pihak.
Sumber : Tata Bahasa Sunda Kiwari

0 komentar

Post a Comment