Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf O Jeung P

Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf O Jeung P
Kumpulan Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf O Jeung P

Omong harus batan goong.
Hartina : Béja téh gancang naker nerekabna, malah sasarina mah béja anu nerekab téh leuwih hébat ti batan goong.

Oray néangan paneunggeul.
Hartina : Nyampeurkeun pibalaieun, ku nyampeurkeun jelema anu keur ijid atawa ngambek ka urang.

Owah gingsir.
Hartina : Henteu tetep, henteu ajeg, ganti, ngeunaan pikiran jelema.

Paanteur-anteur julang.
Hartina : Silih anteur maké aya dua tilu kalina.

Pacikrak ngalawan merak = Bonténg ngalawan kadu.
Hartina : Tangtu éléhna, sabab nu leutik ngalawan nu gedé. Tangtu éléhna, sababnu lembék ngalawan nu kuat.

Pada rubak sisi samping.
Hartina : Sarua bae pada loba- luangna, pada loba pangalamanana.

Pagirang-girang tampian.
Hartina : Paunggul-unggul nyiar rejeki; teu daék silih seblokan.

Pagirang-girang tampian.
Hartina : Paunggul-unggul dina néangan pangupa jiwa.

Paheuyeuk-heuyeuk leungeun.
Hartina : Silih bantuan, silih bélaan, silih tulungan.

Pait daging, pahang tulang.
Hartina : Carang gering.

Pait daging, pahang tulang.
Hartina : Cageur, teu keuna ku panyakit naon baé.

Pakokolot supa.
Hartina : Patungturun umur, bédana ogé teu sakumaha.

Pakotrék lteuk.
Hartina : Laki-rabi ti ngongora nepi ka kolot pisan, pada-pada geus jadi aki-aki, nini-nini.

Palid ku cileuncang.
Hartina : Ngeunaan ka nu ngadu, sanajan modalna gedé, ari nuju apes mah éléhku nu modalna saeutik.

Paluhur-luhur diuk.
Hartina : Pagedé-gedé kauntungan dina nyiar kipayah

Panday tara bogaeun bedog.
Hartina : Sasarina ari tukangna mah sok tara bogaeun.

Panjang leungeun.
Hartina : Sok ceceremed, daék nyokot atawa maling barang batur.

Papadon los ka kolong.
Hartina : Cidra tina jangji, teu nedunan jangjina.

Papais-pais paray.
Hartina : Ngaredeng bareng satempat, tur bérés deuih.

Pariuk manggih kekeb.
Hartina : Lalaki anu goréng rupana ngajodo jeung awéwé anu goréng patutna.

Panjang léngkah.
Hartina : Lampar, jauh panyabaanana. Sabalikna tina kurung batok.

Pelengkung beukas nyalahan.
Hartina : Ari keur ngora keneh bageur, tapi ka kolotnakeun teu bageur.

Peunggas rancatan.
Hartina : Teu bisa terus dagangna, sabab modalna geus béak.

Peupeureum asu.
Hartina : Tacan mondok tibra, keur Ieleyepan kénéh. Sakur nu ngomong, boh diimah boh di luar, kadéngé kénéh.

Peureum kadeuleu, beunta karasa.
Hartina : lnget baé, teu bisa poho. leu téh lain ngeunaan kana barang, tapi kajelema.

Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir.
Hartina : Mikarep nu lain babadna, tangtu moal kasorang.

Pindah cai, pindah tampian.
Hartina : Robah tempat matuh, robah adatjeung kabiasaan.

Pindah pileumpangan.
Hartina : Ganti adat, robah kalakuan, tina hadé kana goreng. Anu tadina daréhdéh,soméah tur handap asorjadi haseum budi tur adigung gedé hulu.

Pinter aling-aling bodo.
Hartina : Pinter tapi embung kanyahoan ku batur yén pinter: ku sabab éta nyeta-nyeta anu bodo.

Pipilih nyiar nu leuwih, kocéplak meunang nu pécak.
Hartina : Milih kalawan taliti naker, ku lantaran hayang meunang nu pangalusna pisan, tapi temahna meunang nu panggoréngna.

Pipilih nyiar nu leuwih, kocéplak meunang nu pécak.
Hartina : Milih kalawan ati-ati pisan ku lantaran hayang meunang nu leuwih hadé,ngan ahirna meunang nu leuwih goréng.

Piritan milu endogan.
Hartina : Pipilueun kana hiji kalakuan ku Iantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goréng katénjona.

Piruruhan dikatengah-imahkeun.
Hartina : Nu dusun kurang didikan, dibawa kana médan (pasamoan).

Pondok léngkah = Kurung batok.
Hartina . Kurang pangalaman ku lantaran tara nyanyabaan jauh, carang pisan ninggalkeun lembur sorangan.

Potol jarum.
Hartina : Ngeunaan awéwé nu taya pakayana pisan.

Potol téko.
Hartina : Ngeunaan lalaki nu taya pakayana pisan.

Puasa manggih lebaran.
Hartina : Anti saumur-umur miskin, tuluy dina hiji waktu papanggih jeung kamuliaan atawa rejeki anu gedé, sasarina sok pohara kacemekanana, nepi ka siga anu mangpang-meungpeung.

Pucuk awian.
Hartina : Henteu puguh tangtunganana, gampang pisan kapangaruhan ku nu séjén.

Pupulur méméh mantun.
Hartina :
- Ménta ganjaran méméh aya jasa.
- Ménta buruhan méméh digawé.

Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging.
Hartina : Dina cidrana anu diborehan. boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun.

Pur manuk.
Hartina : Ari upah duit mah meunang. ngan henteu meunang dahareun atawa ududeun cara sasari.

Puraga tamba kadengda.
Hartina : Migawé hiji pagawéan henteu jeung enya-enya. Henteu ngandung maksud supaya hadé hasilna, ieu mah padu ulah dipaido baé.

0 Response to "Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf O Jeung P"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel