Dongeng Si Kabayan Ngala Roay

Dongeng Si Kabayan Ngala Roay

Si Kabayan Ngala Roay
Dina hiji peuting Si Kabayan diajak ngala roay ku mitohana.  Isukna,  isuk-isuk  bral  ka  haruma, rada  jauh  ti  lemburna.  Di  jalan  taya  nu  ngomong  sakemék kemék acan,  sumawonna Si Kabayan da puguh tunduheun kénéh.  Tuman héés nepi ka beurang, ari ieu isuk kénéh geus digugubrag dititah hudang. 

“Teu  kaharti  ku  mitoha,”  ceuk  dina  pikirna,  Sakitu  geus  kolot  na  aya kadedemes-kadedemes teuing kana dunya téh. Na keur naon dunya ari lain keur nyenangkeun awak? Ari ieu kalah jadi hukuman. Keun sia geura engké…”

Barang nepi ka huma pék ngala roay. Mitohana pohara getolna. Ari Si Kabayan mah  meueus-meueus randeg, meueus-meueus janteng, teu kaur beubeunangan balas ngahuleng jeung ngarahuh bawaning sangeuk  digawé.  Siga-sigana  mah rada mumuleun Si Kabayan téh. 

Luak-lieuk,  béh  karérét  karung  wadah  roay.  Jol  aya  ingetan  pikasenangeun. 
Gelenyu Si Kabayan imut. 

“Mitoha! Mitoha!”
“Heuy!”
“Kula rék ka cai heula ieu mules beuteung.  Bisi rada lila,  dagoan nya! Ati-ati  mun mitoha ninggalkeun!”
“Heug! Ulah lila teuing baé.”
“Kumaha engké wé,  da kasakit mah ari datang kawas kilat,  ari undur kundang iteuk.”

Bari ngomong téh mitohana tonggoy baé ngalaan roay teu luak-lieuk. Si Kabayan sup asup kana karung wadah roay. Awakna dipurungkutkeun bari ngareumpeukkan manéh ku roay nepi ka teu katémbong. 

Barang  bro  mitohana  ngabrukkeun  roay  kana  karung,  dideuleu  karung  geus metung,  ret  ku manéhna  dicakupkeun  dipocong  ditalian,  dijungjung-jungjung. 

“Duh beurat naker,” omongna. Geus kitu gék diuk ngadagoan Si Kabayan.

Si Kabayan didagoan téh ambleng baé, sedeng poé geus reup-reupan. “Naha Si Kabayan  bet ambleng  baé?”  ceuk  mitohana  ngomong  sorangan.  “Moal  salah meureun  terus  balik  da  gering. Éta  mah  Si  Kabayan,  naha  aya  mangkeluk. Benerna  mah  bébéja  heula  ka  kolot,  rék  balik  téh. Ieu  mah  léos  baé.  Aya jelema.”

Rigidig karung roay dipanggul.  Édas beurat naker,”  omongna.  “didedet teuing, ieu mani teuas kieu. Bari dirampa-rampa karungna. Barang datang ka imah, sok diteundeun di dapur dina raranjangan. Tuluy dibuka beungkeutan karung téh ku mitoha awéwé, bari ngomong,  “Euleuh cukul pelak 
roay urang téh nya, mani sakieu lobana.”

“Hih, tacan ka ala kabéh éta gé, da kaburu pinuh, karungna leutik teuing,” jawab mitoha lalaki,  “Kakara gé saparona meureun. Bari étaeun, manéhna,  teu ngadéngé Si Kabayan, kumaha geringna?”
“Baruk gering? Teu nyaho kaula mah. Panyana jeung andika ka huma.”
“Puguh baé tadi isuk, tapi ti dituna balik ti heula, nyeri beuteung.”
“Aéh-aéh, kutan! Cik manéhna ieu bantuan ngudulkeun roay, bet beurat naker.”

Ana bro téh diudulkeun ku duaan, burulu roay bijil sabagian da sereg dina liang karung. Ku sabab mereketengteng  karungna  dihantem  digeujleug-geujleug, na…ana boréngkal téh Si Kabayan ragrag kana raranjangan morongkol. Mitoha awéwé ngajerit bawaning  ku  reuwas. Mitoha lalaki ngejat mundur  ka  tukang awahing ku kagét. 

Si Kabayan, “Hé, hé, hé, da capé!” Bari balaham-béléhém. 
“Si Bedul téh geuning Si Kabayan,” ceuk mitoha awéwé. 
“Da capé, mitoha! Jeung ieuh, ku ngeunah dipunggu ku mitoha téh.”
“Aya  adat-adatan,  na  sia  kitu  peta  ka  kolot  téh!”  ceuk  mitoha  awéwé.

Ari mitoha lalaki léos baé ka imah. Haténa ngunek-ngunek ambek, hayang males.

“Isuk mah anggeuskeun ngala roay téh jeung Bapa,  Kabayan! Sing bener ulah goréng polah kitu ka kolot pamali deuleu matak doraka,” ceuk mitoha awéwé. 
“Heug, moal mitoha.”

Isukna bral Si Kabayan jeung mitoha lalaki ka huma deui. Datang-datang rétop metikan roay,  garetol naker.  Mitohana rét deui rét deui ngarérét ku juru panon ka Si Kabayan.  Si Kabayan tonggoy baé ngalaan roay.  Sigana mah inget kana papatah mitoha awéwé, éstuning junun ayeuna mah kana gawéna téh. 

Nempo Si Kabayan jongjon digawé, kuliwed les baé mitohana téh. Si Kabayan mah  terus  baé  ngalaan  roay  nepi  ka  karungna  téa  pinuh  pisan.  Ret dipangrodkeun liang karung téh. Reketek ditalian. 

“Na kamana mitoha bet euweuh? Moal salah ninggalkeu meureun,  keuheuleun kénéh urut kamari.  Kajeun ah! Aing gé rék balik.  Rék digusur baé ieu karung téh,  da  teu  kabawa  dipanggul  mah,”  bari  ngomong  kitu,  bluk  karung  téh digulingkeun. Durugdug digusur. 

“Kabayan!  Kabayan!”  Ceuk  sora  jero  karung.  “Ieu  aing,  mitoha  sia  ulah digusur!”
Reg Si Kabayan eureun, “Ah puguh roay, roay!” Bari gaplok dipeupeuh karung téh. Durugdug deui digusur. 
“Kabayan! Bapa deuleu ieu, lain roay!”
“Roay! Roay!” Bari terus digusur. 

Barang datang ka dapur, gebrug ditinggangkeun kana rarangjangan,  “Ek!” Sora jelema nu titeundeut. 
“Tah mitoha awéwé, roay sakarung!” Bari léos manéhna mah indit ka cai. Barang diudulkeun  eusina, gurubug  salakina  ragrag  bari  gegerungan.  Awakna daronglak raraheut urut digugusur anu sakitu jauhna.  Pamajikanan teu kira-kira kagéteunana Tuluy diubaran ku cilebu.  Meunang dua poé mitoha lalaki teu bisa hudang-hudang acan. 

(Tina Lima Abad Sastra Sunda, karya Wahyu Wibisana, spk. )
7 Dongeng Si Kabayan | SundaBlog

0 Response to "Dongeng Si Kabayan Ngala Roay"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel