Dongeng Sasatoan : Sakadang Kuya Mawa Imah

Dongeng Sasatoan : Sakadang Kuya Mawa Imah

Jaman baheula, di hiji patempatan nu ngawates ka sisi walungan, aya sakadang kuya keur meresihan sisi-sisi kebon nu kahieuman ku tangkal nu ngajajar jadi pager. Gobras-gobras dicacar maké congkrang.
Si Ambu kuya keur ngaliwet di kolong saung ranggon. Liwet ditumpangan ku peda beureum, maké salam, séréh, bawang beureum. Teu lila kaambung seungit.
“Ambu, asak liwet téh?" Pa Kuya ngagorowok.
“Asak, Bapa!" 
Pa Kuya nyampeurkeun ka saung.

Di pasir, Kuya téh ngebon ngahuma. Talingtrim baé hirupna. Sakapeung-kapeungeun sok aya babaturan Pa Kuya nu sarua ngahuma.
Pihujaneun geus ngagayot hideung di langit beulah kidul. Gebrét hujan gedé. Kitu deui, angin ngagalebug. Jigana angin puyuh duka puting beliung. Angin téh ngapungkeun saung. Awut-awutan. Kajadian kitu téh geus sababaraha kali. Puguh baé matak capé, matak rieut. Tapi, Pa Kuya sok ngoméan deui-ngoméan deui imahna.

Pa Kuya jeung Ambu Kuya, ahirna sok malikir kumaha carana sangkan imahna teu beunang ku musibah. Karasana geus capé.

Keur kitu aya nu pupuntenan dina papanggé. Singhoréng sakadang monyét, sobatna. Sanggeus lila ngobrol, sakadang kuya nanyakeun, kumaha carana nyieun imah nu aman.

“Kieu was atuh Pa Kuya, Ambu kuya, imah téh kudu nu bisa dibabawa".
“Dibawa kumaha?" Kuya ngarasa héran.
“Sokjieun imah sasoranganeun-sasoranganeun!"
Sanggeus kitu kuya nyieun imah dibantuan ku monyet.

imah geus anggeus.
“Terus kumaha?"
“Tah bagian hareup diliangan sasiraheun baé. Supaya, bisa ngelok nyumputkeun sirah. Kitu deui, bisa nololkeun sirah. Jadi, bisa nolol nempo ka luar, jeung bisa nyumputkeun sirah bari ngelok.

Sanajan mimitina mah ugal-ugil merenahkeun imah dina tonggong téh, ahirna si kuya ngarasa aman ngagandong imah téh. Malah nepi ka ayeuna. Salian ti sakadang kuya apan si penyu di laut ogé mamawa imah. Sakadang kuya, béak nganuhunkeun ka sobatna, sakadang monyet.

(diropéa deui ku Eulisano tina kumpulan dongéng sasatoan)

0 Response to "Dongeng Sasatoan : Sakadang Kuya Mawa Imah"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel