Dongeng Sasangkala Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau

Dongeng Sasangkala Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau

Kacaturkeun jaman baheula di Pulo Jawa béh kulon, aya hiji karajaan anu rajana Prabu Rakata. Sang Prabu boga anak dua. Anu cikal ngaranna Radén Sundana. ari anu bungsu ngaranna Radén Topobrana. Harita mah Pulo Jawa jeung Pulo Sumatra téh masih ngahiji.

Kumargi Prabu Rakata téh geus kolot pisan. karajaan téh dibagi dua tur diwariskeun ka anakna. Karajaan béh wétan bagéan Radén Sundana, ari karajaan béh kulon bagéan Radén Topobrana. Geus kitu mah, Sang Prabu tuluy ngabagawan di wates éta dua karajaan. Sang Prabu miang teu mawa nanaon, ngan mawa guci pusaka.

Hiji mangsa dina taun kagenep, Sang Prabu téh ngadéngéeun yén anakna paraséa. Radén Sundana ngarurug karajaan adina Radén Topobrana. Sang Prabu téh ceg kana guci anu geus diseusi ku cai laut téa, tuluy miang ka médan laga. Kasampak dua anakna keur perang campuh, atuh Sang Prabu téh kacida benduna.

Nempo Sang Parbu datang, reg wéh perang téh eureun. Radén Sundana jeung Radén Topobrana langsung nyampeurkeun, cedok nyembah ka Prabu Rakata. Kitu deui, para prajuritna. Atuh Radén Sundana jeung Radén Topobrana téh beak beresih dicarékan ku Prabu Rakata, teu kaliwat para prajuritna. Duanana tarungkul da rumasa salah.

Ti dinya Sang Prabu Rakata nangtung, ceg kana guci pusaka téa. Tuluy cai laut anu aya dina guci téh dikucurkeun di sapanjang wates dua karajaan. Ari guci kosongna diteundeun di tapel wates éta dua karajaan. Ti dinya mah. Prabu Rakata miang deui ka patapaanana.

Teu lila ti harita, wates karajaan anu dicébor ku cai laut téh dadak sakala jadi laut anu meulah dua karajaan. Laut anu meulah pulo téh disebutna selat. Nu kiwari disebut Selat Sunda, nyokot tina ngaran Radén Sundana, anu sarakah hoyong wilayah raina. Ari guci nu diteundeun dina wates karajaan téa ngajanggélék jadi gunung. anu katelah Gunung Rakata atawa Gunung Krakatau. Tah, kitu sasakala Selat Sunda jeung Gunung Krakatau téh.

0 komentar

Post a Comment