Nadhom Sunda Rajaban Isro Miraj

Nadhom Sunda Rajaban Isro Miraj
NADHOM SUNDA RAJABAN TENTANG PERISTIWA ISRA MIRAJ

Bismillah jadi kawitan
Mugi ditebihkeun setan
Teu ngagoda ngadeukeutan
Ngaganggu kasalametan

Kadua kali kawitan
Kupuji nu liliwatan
Rohmat jeung kasalametan
Mugi kapangkon panutan

Ka ali sareng ka sohbat
Umum kasadaya umat
Nu jauh bisa ka keumat
Deukeut pon bisa kaseumat

Ieu maksad nu dipedar
Isro nabi mung sakadar
Sareng mi'raj malah mandar
kengeng rohmat robbul ghofar

Mung basana kirang paos
Margi kacida di ringkes
Sawios asal ka hartos
Margi berkah nu di antos

Kocapkeun gusti rosul teh
Nuju aya di baitulloh
Sasih rojab henteu salah
Ping tujuh likur ka telah

Ujug jol malaikat jibril
Di sarengan ku mika'il
Sareng rencangna murudul
Gusti rosul teh di panggul

Ka zam-zam teras di candak
Dadana teras di beulek
Di piceun nu bararuteuk
Tempat setan ulu kuteuk

Teras bae di eusian
Ku hikmah sareng nu lian
Teras deui di liputan
Bari di cap kanabian

Lajeung Tunggang kana Burok
Teras di tegrakeun tarik
Jibril mikail teu ngancik
Ngaraping kalayan teulik

Barang di lebah toyyibat
Dawuh jibril ke tong kebat
Liren heula kedah solat
Pikeun tuladan ka umat

Lajeung deui teras mangkat
Tarik alabatan kilat
Dugi ka madyan kasebat
Liren deui teras solat

Mangkat deui lalakona
Barang lebah turisina
Lungsur biasa mistina
Namung hanteu sameumeuna

Anjog kana hiji tempat
Baita lahmin nu kasebat
Liren deui teras solat
Saba'dana teras mangkat

Jibril tumaros tur mapan
Dimana tadi neutepan
Dina opat patempatan
Anu atos kaliwatan

Dawuh rosul duka teuing
Margina poek tipeuting
Jeung asa kakara nyorang
Pang matak teu pati terang

Jibril nerangkeun maksadna
Sareng nerangkeun tempatna
Hikmah sareng riwayatna
Malah pikeun balukarna

Dina satengahing jalan
Pependak jeung hiji setan
Nyampeurkeun jeung molototan
Maksadna eudeuk megatan

Malaikat Jibril parigeul
Ngaos du'a nu ka unggeul
Si setan labuh ti jungkeul
Biwirna sampai ti tikeul

Teu acan teubih ngaliwat
Mendak nu keur di baruat
Sinareng aneh kaliwat
Dihantem teu daek tamat

Dawuh jibril eta misil
Jalma anu perang sabil
Jeung hartana pake beukeul
Ganjaran di tikel tikel

Saha jalma nu kapelet
Ka untungan di aherat
Akalna kedah di pikat
Ulah ngingeutkeun ka beurat

Ku harta tawa tanaga
Bisa nu fakir nu boga
Sadaya sami ka duga
Jadi teu ka asup bangga

Lajeung mendakkan wawangen
Anu seungitna ka tangen
Nyambuang kanu mupusten
Dawuh rosul seungit naon

Jawaban jibril ieu teh
Seungitna siti masitoh
Istri soleh sarta teguh
Nyekeulan imana pengkuh

Pendekna mah Istimewa
Teu ledeh luntur ku hawa
Teu sungkan nguculkeun Nyawa
Asal imana ka bawa

Riwayatna nu geus mashur
Di kota di lembur-lembur
Masitoh ternama jujur
Sanes sakadar jajabur

Ari saba'dana eta
Mendakan kaom peupeuta
Mekprekan hulu ku batu
Mung liput pada harita

Ongkoh ceurik jejeritan
Bakat nyeri kaliwatan
Tapi teu daek ngeureunan
Kalah ka hanteum hanteuman

Dawuh jibril eta jalma
Hirupna keuna ku hama
Kana solat anu lima
Teu daek ngadama-dama

Rajeun daek hanteu guna
Teu nincak syarat rukunna
Pang matak kudu iyatna
Ngarah aya faedahna

Sok komo mun di culkeun
Teu pisan di pereulukeun
Ciga nu teu aya pakeun
Padahal geus dimistikeun

Wajib sakabeh manusa
Nu cageur sarta dewasa
Kudu sing boga rumasa
Didamel kunu kawasa

Tidinya teras ngalangkung
Mendak kaom caweut leneng
Digiring saperti munding
Dipecut teu menang meuleng

Lambang jalma teu mupakat
Tara ngaluarkeun zakat
Padahal manehna pangkat
Akhirna jadi kawalat

Sing emut nu kawajiban
Ulah jongjon kaleleban
Sing boga rasa titiban
Bisi kaburu nangkuban

Heuleut sawatara lengkah
Mendak daging dua wadah
Nu hiji bau tur atah
Matak sebel hayang utah

Nu sawadah di asakan
Didamel pasak bistikan
Tapi kaom tamarakan
Daging atah di harakan

Eta nu jadi siloka
Istri nu boga salaki
Teu kalis kunu salaki
Abong Eunya pangabeuki

Atawa lalaki totol
Boga pamajikan halal
Tapi teu weuleh norojol
Milari istri nu nolol

Paur dizaman kiwari
Istri eunggeus balawiri
Nganteur nafsu dagang diri
Geus ampir di unggal nagri

Kaom pameget nu kersa
Pelayan istri ka langsu
Jahatna luar biasa
Ingkar ti adat manusa

Da lamun euweuh nu meuli
Tangtu nu dagang ge lali
Lajeung khiar kasab asli
Nu akur nu teu pamali

Mangkat deui gusti rosul
Angger di rencangan jibril
Mendak tangkal kai jail
Sakur nu liwat di jawil

Pikeun perlambang ka umat
Sok ngabegal nu ngaliwat
Eta hukumna teh beurat
Jaga di poe kiamat

Atawana jalma tusuk
Jalan hade dibubusuk
Nu maju sina ngaringkuk
Nu nangtung sina ti kusruk

Jeung mendak anu silanglang
Di lautan geutih ngambang
Ku batu pada ngabalang
Eta ge jadi perlambang

Jalma nu sakaba kaba
Sok ngadahar barang riba
Saeutik angot mun loba
Padahal eta cocoba

Riba teh loba warnana
Komo dijaman ayeuna
Tangtu urang milampahna
Lamun teu ngarti elmuna

Mendak deui anu aneh
Jalma ngahurunan suluh
Ku saeutik enggeus ripuh
Tapi beut kalah di tambah

Conto jalma ka titipan
Barang atawa keutipan
Geus puguh hanteu ka tahan
Tapi jol deui di tampan

Teu aya pisan ka paur
Geus puguh nu tadi ajur
Teu ngingeutkeun barang batur
Kawas nu moal ka kubur

Teu acan tebih ngalengkah
Mendak deui anu aneh
Naha kunaon eta teh
Jalma ngaguntingan letah

Malikat jibril mihatur
Eta teh tukang mitutur
Ilmu ajug nu ka catur
Kalah ka bisa ka batur

Puguh legegna mah aksi
Tapina hanteu jeung eusi
Urang teh kudu sing risi
Kapanan bakal di peksi

Teras angkat ka beh wetan
Mendak kaom ngorowotan
Kana bengeut  tarapakan
Bari ceurik jeujeuritan

Conto jalma tukang ngupat
Rasana batur nu lepat
Sorangan hanteu disifat
Manehna nu meunang la'nat

Ngupat teh laku nu lumrah
Geus di jieun lalab rumbah
Padahal eta di ceugah
Akibatna matak beungkah

Sareng aya deui misil
Tina liang leutik bijil
Sapi gede ngaburingkel
Tanduk rangkoyang parigeul

Misil anu disilokakeun
Omongan di kaluarkeun
Padahal ngabahayakeun
Rek balik deui poekeun

Nu matak kudu taliti
Rek ngomong atur sing surti
Carita kudu tarapti
Memeh pok kudu ka harti

Jeung mendak nu geugeuroan
Jihatna ti katuhueun
Muhammad abdi antosan
Abdi gaduh patarosan

Dawuh jibril mangka hade
Pangundang bangsa yahudi
Ngarah umat gusti abdi
Ka manehna mika sudi

Jol deui ti palih kenca
Gegeroan arek wakca
Hanteu direret ku soca
Sabab pang geuro nu nirca

Dawuhan jibril pangero
Sorana bangsa nasoro
Omat gusti tong di waro
Ke umat bilih kaliru

Teras deui majeung jalan
Jol deui nu gegeroan
Estuning seu'eur gangguan
Teu ka kaop anu guguan

Sing horeng teh istri geulis
Adeug salirana manis
Sarta pinuh ku papaes
Inteun berlian jeung emas

Dawuh jibril ulah wea
Kapanan eta teh dunya
Upama di pirosea
Ka umat gusti bahaya

Moal aya anu eling
Pigeusaneun bakal mulang
Kana tempat anu langgeung
Ungkul ka tungkul ku barang

Teu kurang siriwiti
Teu pisan kersa ngabakti
Rasa maneh hirup mukti
Kawas anu moal mati

Teras angkat rada jauh
Jol aki-aki ngarahuh
Ke gamparan ulah rusuh
Aki teh gaduh pituduh

Jibril ngadawuh tur bengis
Enggal gusti eta iblis
Tukang nipu jeung ngajeblos
Siga alus tapi geujos

Gawena nyieun codeka
Jalma di ruku di reka
Nu bener dibawa murka
Ngarah bareng kana raka

Angkat deui beh payunna
Mendak hiji nini nini
Kolot pisan lampah yuni
Lakuna eunggeus teu uni

Jibril kanabi nu mulya
Matur ngamisilkeun dunya
Umur dunya tug harita
Misil nini nini nyata

Kantun urang sing gumati
Babahanan sing tarapti
Lantaran geus nyata bukti
Bilih kabujeung di pasti

0 Response to "Nadhom Sunda Rajaban Isro Miraj"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel