Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf R Jeung S
Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf R Jeung S
Rambat kamalé.
Hartina : Dina ayana perkara, maké ngarawél ka si itu, mamawa ka si ieu, tapi temahna mah urang sorangan anu salah jeung anu disalahkeunana.
Raweuy beuweungeun, rambay alaeun.
Baca Juga
Rejeki maungeun.
Hartina : Rejeki anu gede anu datangna bleg sakalian, ngan hanjakalna rejeki anubleg-blegan kitu mah langka pisan kapanggihna.
Reuntas ku tingkah.
Riung mungpulung.
Hartina : Duduluran karumpul kabéh.
Riung-mungpulung.
Hartina : Ngumpul saduduluran.
Rujak sentul.
Hartina : Jelema nu teu ngartieun kana maksud omongan atawa carita batur.
Rumbak caringin di buruan.
Hartina : Dina aya kasusahan atawa karerepet, geus teu boga kolot saluhureun anubisa mépélingan ka urang.
Rumbak kuntieun.
Hartina : Henteu lengkep, aya baé anu kurang nu matak cua kana haté.
Rup ku padung. rap ku lemah, katuruban taneuh beureum.
Hartina : Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.
Rusuh luput = Gancang pincang.
Hartina 1 Migawé naon bae anu rurusuhan, temahna matak kaduhung, sabab hasilna teu matak nyugemakeun.
Sabata sarimbagan.
Hartina : Sauyunan, layeut, tara aya pacéngkadan.
Sabobot sapihanéan.
Hartina : Sauyunan, sapapait. samamanis, sabagja. sacilaka.
Sabuni-buni nu ngising.
Hartina : Sanajan dibunian atawa disumputkeun ogé, ari laku-lampah anu goréng mah awal-ahir sok kudu kanyahoan baé.
Sadom araning baraja, sakunang araning geni.
Hartina:
. Sanajan saeutik, omat ulah wani ngagasab duit Nagara.
. Perkara anu bisa ngalantarankeun cilaka sanajan leutik.
Sagalak-galaking macan, moal datang ka nyatu anak.
Hartina : Sakumaha kejemna atawa tégana nu jadi bapa, moal datang ka nyilakakeun atawa ngabinasa ka nu jadi anak.
Sagalak-galakna macan, tara nyatu anak.
Hartina : Sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umumna mah tara téga ka nu jadi anak.
Sagara tanpa tepi.
Hartina : Euweuh anggeusna, euweuh béakna.
Sagolék pangkék,sacangreud pageuh.
Hartina : Henteu cidra kana jangji.
Sahérang-hérangna cai béas.
Hartina : Galibna haté téh hésé pisan beresihna ka jelema anu geus bukti tas nga nyenyeri ka urang.
Sahérang-hérangna cibéas, moal hérang cara cisumur.
Hartina : Sasarina lamun geus aya pacéngkadan, sok tara bisa hadé deui carabaréto saméméh aya pasalia pikir.
Sakaru-kuru lembu, saregéng-regéng banténg.
Hartina : Samiskin-miskinna ogé pangagung mah tangtu baé moal miskin cara somah nu teu boga.
Sakecap kadua gobang
Hartina : Gampang ngambekjeung gampang ngadék deuih.
Sakiriciking duit, sakocopoking bogo.
Hartina : Naon baé anu matak narik kana haté urang.
Sakirincinging duit, sakocopoking iwak.
Hartina : Sanajan saeutik, omat ulah arék wani ngagasab duit Nagara.
Salah tincak.
Hartina : Goréng kalakuanana, teu merenah paripolahna.
Salieuk béh.
Hartina : Beunghar, sagala aya.
Saluhur-luhur punduk, tara ngaliwatan hulu.
Hartina : Sapinter-pinterna murid, pangartina moal leuwih ti guruna.
Samagaha pikir.
Hartina : Bingung, poékeun haté, susah pikir.
Sangsara di geusan betah.
Hartina : Teuing ku miskin, teu boga naon-naon pisan ku lantaran geus embung digawé nyiar kipayah. Anéhna téh, ari hirup mah hayang kénéh.
Sapi anut ka banténg.
Hartina : Awéwé nuturkeun ka salakina.
Sapu nyéré pegat simpay..
Hartina : Paturay papisah.
Sareundeuk saigel = Sabobot sapihanéan = Sabata sarimbagan.
Hartina : Sauyunan, layeut, tara aya pacéngkadan.
Sari gunung.
Hartina : Ngeunaan ka jelema anu ti kajauhan mah katémbongna teh kasép atawageulis, tapi ari geus deukeut bréh baé yén rupana teh goréng patut.
Sarumbak panggangan.
Hartina : Sanggeus réngsé dagangna jeung daganganana geus payu kabéh.
Satengah buah leunca.
Hartina : Teu jejeg ingetanana, langlang-lingling, rada gélo.
Satru kabuyutan.
Hartina : Musuh nu geus lila pisan.
Saumur nyunyuhun hulu.
Hartina : Saumur hirup, rumingkang di bumi alam.
Saungkab peundeuy.
Hartina : Omongan anu pondok, tur kurang manis.
Sawaja sabeusi.
Hartina : Sarua ménakna atawa beungharna. Ngeunaan ka nu laki-rabi.
Sawan geureuh.
Hartina : Teu tulus rék kawinna, boro geus loba nu nyarahoeun jeung nyaritakeun.
Sawan goléah.
Hartina : Mondok teu milih heula tempat anu pantes; abong-abong geus tunduh, dimana baé dugna. Di dinya tunduh, di dinya goléah.
Sawan kuya.
. Ari naékna mah bisa jeung gampang, ngan turunna teu bisa jeung hésédeuih
.- Gampang ari meunangna pagawéan mah, ngan hésé béléké pikeun kaluarna.
Séngsérang padung.
Hartina : Ngeunaan awéwé atawa lalaki anu loba kénéh napsuna cara baheula keurngora. Sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu téréh paéh.
Séngsérang panon.
Hartina : Ngeunaan awéwé atawa Ialaki anu mimiti begér, resep nénjo ka kabogoh.Bogoh enyaan mah encan.
Sentak badakeun.
Hartina : Teu ceehan dina digawé. Dina mimiti mah pohara getolna, tapi beuki lila, beuki ngedul, tungtungna pagawéan téh diantep teu dipigawé pisan.
Sereg di buana, logor di liang jarum.
Hartina : Ku lantaran loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu ramé, sababsieun; karesepna teh di nu suni, nu euweuh jelema.
Sereg di panto, logor di liang jarum.
Hartina : Nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab Ioba dosa, Ioba kasieun jeung kaéra; betahna téh di nu suni, nu teu ayajelema.
Seukeut ambeu, seukeut panon.
Hartina : Loba mata-matana jeung pinter nyusud perkara, nepi ka perkara nu kumaha baé ogé bisa kabongkar. leu téh ngeunaan ka pulisi.
Seukeut tambang manan gobang.
Hartina : Sakumaha gagahna, wanina jeung ngalawanna ogé, jalma jahat mahawal-ahir tangtu katangkepna ku pulisi.
Seuneu hurung dipancaran.
Hartina : Nu keur napsu, heug ditambahan pisan ku pikakeuheuleun, tangtu baé ngambekna jadi tambah.
Seuneu hurung, cai caah.
Hartina : Keur amarah, keur ambek, keur napsu.
Seuseut batan neureuy keueus.
Hartina : Hésé pisan.
Sibanyo laleur.
Hartina : Ledis pisan, teu nyésa saeutik-eutik acan.
Siduru isuk.
Hartina : Nyunatan atawa kariaan, teu maké tatabeuhan.
Sieun bahé tuluy tamplok.
Hartina : Sieun rugi saeutik, jadina rugi gedé pisan.
Sieun képlok, tuluy bahé.
Hartina : Risi bisi rugi ku saeutik, ahirna rugi gedé.
Sieuran.
Hartina : Sapaliwat mah siga goréng rupana, tapi lamun diawas-awas bet tegep turmanis.
Sireum ateulan.
Hartina : Teu rata gedéna, atawa teu rata Ieutikna; gedé sawaréh.
Sireum ogé katincak-tincak teuing mah tangtu ngégél.
Hartina : Nu leutik, tur hina ogé, ari dikaya-kaya teuing mah tangtu ngalawan ngabéla diri.
Sirung ngaliwatan tunggul.
Hartina :. Darajat atawa milik anak, ngaluhuran bapa.. Anak ninggalkeun paéh ka indung atawa ka bapana.
Situ kaliung ku taman.
Hartina : Anu heubeul, éta nu kawentar atawa kamashur. Anu anyar mah henteu.Upamana : Ngeunaan imah jst.
Sosoroh ngadon kojor.
Hartina : Kikiriman ku lantaran aya pangarahan, tapi boro-boro meunang kauntungan, kalah ka meunang wiwirang jeung karugian.
Suku dijieun hulu, hulu dijieun suku.
Hartina : Digawé nyiar kipayah, kalawan méakkeun tanagajeung pikiran.
0 Response to "Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf R Jeung S"
Post a Comment