Ambahan Tata Sora Basa Sunda

Ambahan Tata Sora Basa Sunda

Ambahan Tata Sora, Kagunaan utama basa téh jadi alat campur gaul atawa komunikasi masarakat manusa. Minangka médium komunikasi, basa téh bisa lisan bisa tulisan. Komunikasi basa lisan dipilampah maké lambang sora basa (omongan), ari komunikasi basa tulisan dipilampah maké lambang aksara.

Sora basa téh sipatna miganda, nya éta sora ucap (parole) jeung sora pikir (Langue). Sora ucap atawa fon mangrupa sora anu dikedalkeun ku baham, anu diulik ku tata sora (fonétik). Ari sora pikir atawa foném mangrupa sora anu kadéngéna béda atawa mirip tur sok ngabédakeun harti kecap, anu diulik ku tata foném (fonémik).

Tata sora jeung tata foném mangrupa bagian tina élmu sora basa atawa fonologi. Dina basa Inggris disebutna phonology, nu asalna tina basa Yunani phone = ‘sora’ + logos =‘é1mu’. Pihartieunana,
fonologi téh nya éta élmu ngeunaan sora basa, prosésna, wujudiahna, selang surupna, gunana, jeung parobahana.

Dina ieu buku dipedar masalah tata sora, kaasup masalah tata foném, samalah disabit-sabit masalah tata aksara. Ku kituna, ambahan tata sora dina ieu buku ngawengku genep hal, nya éta

  1. sora basa, foném, jeung aksara; 
  2. alat ucap;
  3. warna foném (vokal jeung konsonan) katut cara ngawangunna;  
  4. runtuyan sora, engang, jeung kecap; 
  5. ciri-ciri supraségméntal; jeung 
  6. rinéka sora.

Related Posts

0 Response to "Ambahan Tata Sora Basa Sunda"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel