MUSTIKA PURAGA JATI SUNDA Wawacan Basa Sunda

"Ngama'naan falsafah sarta ajĕn-inajĕn kamanusaan Sunda dina nata diri, nata raga keur hahirupan"

Sanggian:
Ki Laras Maya


BUBUKA ANJINING RASA
Ki Laras Maya Poerba Sasaka

Niat kuring aji-ning rasa.
Rasa goib titipan nu Maha Tunggal.
Tunggal sarasa, tunggal sa-pangawasa,
Jalan nu rahayu mapag alam kabagjaan, Eunteungeun diri pribadi.

Basa mah gambaran rasa. Budi mah gambaran ati. Ngancik'na raga salira. Dina batin anu sidik, anutara daek nga-bohong, jeung di bohongan. Jaga diri ati-ati. Pinasti hirup taliti Dumugi mapagna pati. Hirup pasti, ku eageur na, ku bageur'na ku bener'na.
Sing taat ka pamarentah. Repeh rapih, beres roes, tur akur reujeung sasama.
Mahluk nu sugih hartina, beunghar harta, salamet hirup kumbuhna.

Amjalu papadang ati.
Awaking bujang ka sakti.
Bisa maca bisa ngaji.
Ngajina na tungtung ati.
Macana na tungtung rasa.
Nu hurung dina jajantung.
Nu herangna, di kalilipa.
Hurung tanding dammar hurung.
Siang tanding dammar herang.
Anu hurungna, kurungan.
Anu herang, eusi rasa.
Kadi bulan, kadi sarangĕngĕ ngahing medal.
Remet mĕntĕng dina angen.
Anu ngilo dina tikoro.
Nu ngintip dina lalangit.
Buka ini buka rohani.
Buka sintung, bukakeun gedongan ati.
Pang mukakeun cahaya ti anu maha kawasa.
Supaya kapanggih bukti.

Nu puguh diri sajati.
Kudu nyata ceuk tuduhna.
Bray cahaya, bray cahaya.
Cahaya anu kawasa.

Ka anu nyepeng dinten tujuh dawuh lima.
Pager duawelas.
Kasaderek anu opat, kalimia paneer salira.
Ka saderek anu medal,
Ka sederek nu teu medal.
Ti putra anu medal.
Ti putra anu teu medal.
Guru lahir, guru batin.
ti guru sidik. Ti guru permana.
Ti nu ngukur tangtung,
Ti nu kagungan rahayu.
Ti nu kagungan darajat.
Ti anu ngandung.
Ti anu ngayuga.
Ti luhur anu mayungan.
Ka handap anu nganparan.
Ti gigir anu ngajaring.
Ti tukang anu ngagiring.
Ti hareup anu nampian.

Aki sakti, Nini sakti. Nu nunggu di birit leuit.
Ibu ratu, Rama Agung. Nu ngaping geusan nyalindung.
Nu calik Di pasir layung. Nu geulis putri rengganis.
Nu ngancik di pasir panggung. Nu kasep kang Kamajaya

Gunung purba, panungkeban Para-Hu-na
Nu nyalungkran pasir asih, nu ngabinih.
Pa-gelaran alam kandung asih indung.
Pa- ngawit-an pangrungruman tuturunan.

Bukti Tunggul,
Nya muga, tunggul anu ngarahayu, ti sunan ambu.
Nya muga, tangkal anu ngadarajat, ti sunan rama.
Turun pulung ka Galuh agung.
Galuh geusan di nyalindung.
Mangsa di bentaran gelap
Gunung gelap reureuh mijah,
Ku aji ning halimunan,
Di sieuman ku handeuleum.
Di eaangan ku hanjuang.
Meleberna pulo sari, ning mangari.
Pangrungruman menak ti gunung haruman.
Gunung geulis, ci ibun anu ngareumis,
Papandayan, ngukir tangtung ku tulisan.

Ka para Hyang nu suci.
Nu mancer cahyaning Gusti.

Nu Murba, anu wisesa.
Nu Agung anu maha'na.

Anu kersa anu karsa.
Nu ngersakeun nu ngarsakeun.

Tabĕ Pun ahung nya ahung.
Amit sun hampura ingsun.

Nya paralun, seja ulun
Kapara luluhung agung.

Nu ka agungan ku pangagung.
Nu ngadeg di uwung-uwung.
Nu ngadeg di awang- awang.
Anu sirna di mandala panta panta.


1. Di Mandala Mĕga Manggul
2. Di Mandala Mĕga Malang.
3. Di Mandala Mĕga Beureum.
4. Di Mandala Mĕga Si karembangan.
5. Di Mandala Mĕga Si kareumbingan.
6. Di Mandala Mĕga Si antrawela.
7. Di Mandala Pa-Guruh, Pa-Guntur, Patapan Guntur.
8. Di Mandala Bumi suci kerepek sĕah.
9. Di Mandala Bumi Beureum.
10. Di Mandala Bumi Hideung.
11. Di Mandala Bumi Hĕjo.
12. Di Mandala Bumi Konĕng.
13. Di Mandala Bumi Hawuk.
14. Di Mandala Bumi Putih.
15. Di Mandala Bumi Cĕngcĕrĕngan.
16. Di Mandala Bumi Sanghyang Sorong Kancana.
17. Di Mandala Bumi Sang Hyang Ribut.
18. Di Mandala Bumi Suci Alam padang.

Galura bakti ,ka luluhur
Ka -Papara karuhun urang sakabĕh.
Urang mimitian ku surat anu biasa.
Nu ilahar di parakĕ jampĕ.
Tibaheula nu jadi tari paranti.


Pun sampun ka sang roh Pun.
Ka handap ka sang Batara.
Ka luhur ka sang Batari.
Batara raga salira, Batari batin nu sidik.
Anu nganeik dina ati sanubari sĕwang-sĕwang.
Anu tara ngabohong jeung di bohongan.


Ka Batara Sunan Rama.
Ka Batari Sunan Ambu.
Karadĕn caang gumelar, cahaya sakti.
Ka nyimas gumilang seblak.
Seja nyanggakeun pangbakti.
Sapulukaneun.
Tik bul ning menyan kaula
Cahaya beurum kanyataan na amarah.
Tik bul ning menyan kaula.
Cahaya putih loamah
Tik bul ning menyan kaula.
Cahayana sawi yah.
Tik bul ning menyan kaula.
Cahaya na mut ma inah.
Seja mundut ka emban, kanu geulis.
Ka iringkeun kunu kasĕp.
Nu geulis Sri Sayana.
Nu kasĕp Bujang Sarana.
Nya ieu ibu jeung rama.
Pang dugikeun ka anu maha Kawasa.
Kukuh kula-kukuh puji.
Kukus dangdayang mantra.
Dangdayang turus na wati.
Turusna karang Puhaci.

Pang maratkeun, ka-sang Hyang Pangĕran Parat Nga-
Mohon tembuskan, kepada yang Maha Menembuskan
Sapulukaneun ka sadaya para luluhur.

Karuhun karuhun suci.

Anu ti kalĕr, sa kalĕr
Anu ti kidul, sa kidul
Anu ti kulon, sa kulon.
Anu ti wĕtan, sa wĕtan.

Jisim kuring sadayana.
Neda bagja, neda hidayah, neda mangpaat.
Neda maunat, neda eaang. Neda padang, narawangan.
Neda salamet, neda barokah..
Kum teu badĕ di wiji-wiji.
Dunga-na para kasepuhan sadayana.
Anu masih kĕnĕh gelar di alam hirup.
Kikisik lambak sagara.
Ulah ungut ka linduhan.
Ulah gedag ka anginan.
Di siuk ku ibu, di bauran.
Di cokot nya di ĕmbohan.
Nya di bawa, di tambahan.
Si nyimas nama ning sari.
Geura tah mayang larangan.
Geura hudang,geura tanghi.
Di hudangkeun kunu lenjang
Di tanghikeun kunu geulis.

Cag.Rampĕs.

0 Response to "MUSTIKA PURAGA JATI SUNDA Wawacan Basa Sunda"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel