NADHOM SUNDA MAULID NABI GUSTI URANG SAREREA PDF TERBARU

Nadhom sunda maulid nabi, nadom sunda maulid nabi, nadoman maulid nabi bahasa sunda, nadhom maulid nabi, nadhom sunda maulid nabi, nadhom sunda, nadhom basa sunda mp3, nadhom nabi bahasa sunda, contoh nadhom sunda, download nadhom sunda, nadhom sunda gusti urang sarerea, nadhom maulid sunda, nadzom santri sunda, nadhom versi sunda, nadhom sunda, nadhom basa sunda mp3, nadhom nabi bahasa sunda, contoh nadhom sunda, download nadhom sunda, nadhom sunda gusti urang sarerea, nadhom maulid sunda, nadzom santri sunda, nadhom versi sunda
 NADHOM SUNDA MAULID NABI GUSTI URANG SAREREA PDF TERBARU

NADHOM MAULID NABI BAHASA SUNDA "GUSTI URANG SAREREA" 
Gusti urang sararéa #  Kangjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenenganana  # Arab Qurésy nya bangsana
Ibuna Siti Aminah  # Ramana Sayid Abdullah
Dibabarkeuna di Mekah  # Wengi Senén tahun  Gajah
Rabi’ul Awal bulanna  # Tanggal kaduabelasna
April bulan Maséhina  # Tanggal kaduapuluhna

Ari bilangan tauna # Lima ratus cariosna
Tujuh puluh panambahna  # Sareng sahiji punjulna
Siti Aminah misaur  #  Waktos babarna kacatur
Ningal cahya meni ngempur # Di bumina hurung mancur
Babar taya kokotoran  # Orok lir kénging nyepitan
Soca lir kénging nyipatan  # Sarta harum seuseungitan

Medal Nabi akhir jaman # Pirang-pirang ka anéhan
Sesembahan bangsa sétan # Kabéh pada karuksakan.
Nabi yuswa lima bulan, # Geus tiasa angkat-angkatan
Yuswana salapan bulan, # Geus capétang sasauran.
Yuswana sapuluh bulan,# Tiasa ameng papanahan
Ngéléhkeun budak nu lian, # Tapi tara kumagungan.

Parangina kangjeng Nabi #Jatnika pinuh ka puji
Pinteur tur gedé ka wani # Sobar Nya’ah ka sasami
Keur opat taun yuswana  # diberesihan manahna
Nabi dibeulah dadana  # Malaikat nu meulahna
Jibril kadua réncangna  # Mikail jenenganana
Ngeusikeun kana manahna  #  élmu hikmat sapinuhna

Tuluy dada Kangjeng Nabi # Gancang dirapetkeun deui
Sarta teu ngaraos nyeri  # Dicap ku Khotamin Nabi
Harita Nabi ayana, # Di lembur Ibu inangna
Halimah jenengan nana, # Sa’diyah ngaran lemburna.
Rama Nabi kacaturkeun, # Pupusna kacarioskeun
Basa Nabi dibobotkeun, # Dua sasih ka unggelkeun.

Keur lima taun yuswana, # Ditinggal pupus Ibuna
Tuluy dirawat Éyangna, # Abdul Mutholib asmana.
Kersana Robbul ‘alamin, # Kangjeng Nabi nu prihatin
Yuswa dalapan taun yakin, # Éyangna mulih ka batin.
Sabada wafat Éyangna, # Nabi dirawat Uwana
Abi Tholib kakasihna, # Sadérék teges Ramana

Kangjeng Nabi sering pisan, # Dicandak ka Nagara Syam
Sok nyandak barang dagangan,  # Didinya téh pajeng pisan.
Kacatur di éta Nagri, # Loba Pandita Yahudi
Sarta Pandita Nasrani,  # Nu tepang  jeung Kangjeng Nabi.
Sadayana sasauran, # Ieu jalmi moal nyalahan
Pinabieun akhir jaman,  #  Taurét Injil geus ngibaran.

Sifat Nabi panganggeusan,  # Aya di Anjeuna pisan
Hartina loba nu Iman,  # Ka Nabi ngangken panutan.
Lami-lami Kangjeng Nabi,  # Disambat ku hiji istri
Dagang ka unggal Nagari, # Kauntunganna dibagi.
Istri jenengan Khodijah,  # Putra Huwaelid katelah
Nu pangbeungharna di Mekah,  # Ka Nabi ka langkung nya'ah.

Siti Khodijah masrahan,  # Ka Nabi barang dagangan
Maesaroh nu ngaréncangan, # Ka Nabi purah nyarengan.
Kacarios Maesaroh téh,  # Loba pamendakna anéh
Cicirén Nabi nu soléh, # Matak ngahérankeun kabéh.
Tatangkalan uluk salam, # Méga bodas sok mayungan
Jeung aya cap kanabian, # Dina salirana pisan.

Pamendak Siti Khodijah, # Cocok pisan jeung Maesaroh
Ahirna Siti Khodijah,  # Ka Nabi mundut ditikah.
Harita yuswana Nabi, # Salawé taun kawarti
Ngadak-ngadak sugih mukti, # Tapi tambah saé ati.
Karesepna Kangjeng Nabi, # Ka Gusti Alloh ngabakti
Di Gunung Hiro maranti, # Ibadahna saban wengi.

Di dinya jol kasumpingan, # Jibril nu nurunkeun Qur’an
Kalawan dawuh Pangéran, # Nabi didamel utusan.
Harita yuswana Nabi,  # Pat puluh taun kawarti
Diutus ku Alloh pasti, # Nyebarkeun Agama Gusti.
Anu iman pangheulana, # Siti Khodijah garwana
Abu Bakar kaduana, # Sohabat nu pangmulyana.

Murangkalih nu nonoman, # Anu pangheulana iman
Sayidina Ali pisan, # Ka Nabi sadérék misan.
Jeung ari jalma beulian, # Anu pangheulana iman
Sayidina Bilal kaleresan, # Anu jadi tukang adzan.
Ari lolobana pisan,  # Ka Nabi téh ngamusuhan
Nganiaya ngajailan,  # Teu aya pisan ras-rasan.

Para sahabat kungsi ngalih, # ka Nagri Habsyi nu tebih
Didinya Anjeuna linggih, # Kira kéngeng tilu sasih.
Samulih sohabat ti Habsyi, # Kacarios Kangjeng Nabi
Kénging pohara cocobi,  # Kersana nu Maha Suci
Uwana sareng garwana, # Pada pupus duanana
Harita Nabi yuswana,  # Kalima puluh taunna.

Geus pupus Siti Khodijah, # Nikah ka Siti Saodah
Sareng ka Siti Aisyah, # Ummul Mu’minin katelah.
Tidinya kersa pangéran, # Maparinan kamulyaan
Ka Nabi nu ahir jaman, # Kakasih nu sipat Rohman.
Nuju tanggal tujuh likur, # Bulan Rajab nu kacatur
Nurut kaol anu masyhur, # Kangjeng Nabi téh disaur.

Dipapag ku Malaikat,  # Nyandak Buroq nu kasebat
Leumpangna téh cara kilat, # Tutunggangan Nabi angkat.
Ti Mekah ka Baitul Maqdis, # Teu nganggo lami antawis
Ku jalma hanteu katawis, # Kersana Gusti nu Wacis.
Ti Baitul Maqdis terasna, # Naék na Tangga Kancana
Mi’raj téa kasebatna, # Ka langit Nabi sumpingna.

Tujuh langit sadayana, # Jeung ‘Arasy nu pangluhurna
Disumpingan sadayana, # Katut Surga Narakana.
Kangjeng Nabi ditimbalan, # Ku Gusti nu sipat Rohman
Anjeuna kudu netepan, # Sholat muji ka Pangéran.
Kabéh jalma anu iman, # Sami pada kawajiban
Solat nu lima giliran, # henteu meunang dikurangan.

Solat éta minangkana, # Dina Agama tihangna
Jalma nu luput solatna,  # Nyata rubuh agamana.
Kacarios dina jaman, # Mi’rajna Nabi panutan
Yuswana téh kaleresan,  # Lima puluh dua jalan.
Kafir Mekah kacaturkeun, # Barang Nabi nyarioskeun
Mi’raj lain dimulyakeun,  # Anggur pada nyeungseurikeun.

Pada hasud ngakalakeun, # Tidinya Allah ngersakeun
Kangjeng Nabi dialihkeun, # Ka Madinah disirnakeun.
Parasahabat pirang-pirang, # Nu buméla milu iyang
Milu ngalih séwang-séwang, # Henteu pisan sumoréang.
Tambah kamulyaan Nabi,  # Di Madinah asal sepi
Jadi ramé ku nu ngaji, # Muji ka nu Maha Suci.

Sapuluh taun lamina,  #Di Madinah jumenengna
Agama Islam cahyana,  #Gumebyar kamana-mana.
Nagri Mekah diperangan, # Ahirna kaboyong pisan
Nabi tambah kamulyaan, # Yakin lain jijieunan.
Ari yuswa Kangjeng Nabi, # Genep puluh tilu pasti
Maqomna dijero nagri, # Madinah nagara suci.

Puputrana Kangjeng Nabi, # Aya opat anu istri
Siti Zaénab nu kahiji,  # Ruqoyah nu hiji deui.
Ummi Kultsum katiluna, Siti Fatimah bungsuna
Ari putra nu cikalna, Sidna Qosim kakasihna.
Sidna Abdullah rayina, Ibrahim katiluna
Éta nu genep putrana, Siti Khodijah Ibuna.

Sidna Ibrahim Ibuna, Mariyah jenengannana
Istri ti Mesir asalna, Tah kitu turunannana.
Putra nu pameget kabéh, Pupus keur aralit kénéh
Nu istri carogéna téh, para sahabat nu soléh.
Siti Zaénab carogéna, Abul ’Ash jenengannana
Siti Ruqoyah carogéna, Sidna Ustman mimitina.

Geus Siti Ruqoyah hilang, Anjeuna turun ka ranjang
Ummi Kultsum putri lenjang, Ditikah gentos nu hilang.
Carogé Siti Fatimah, Sidna Ali nu katelah
Bakaromallohu Wajhah, Anu kamasyhurkeun gagah.
Ari putu Kangjeng Nabi, Dalapan pameget istri
Siti Umamah jeung Ali, Ti Siti Zaénab kawarti.

Ari Sidna Abdullah mah, Putu ti Siti Ruqoyah
Putu ti Siti Fatimah, Aya lima kabéhna mah.
Tilu anu pamegetna, Sidna Hasan kakasihna
Sidna Husain kaduana, Sidna Muhsin katiluna.
Ummi Kultsum nu istrina, Ka Sidna Umar nikahna
Sitna Zaénab kaduana, Nurut ungeling wartosna.

Urang kudu cinta ati, Ka turunan Kangjeng Nabi
Poma ulah goréng ati, Sumawonna hiri dengki.
Ari mungguh Kangjeng Nabi, Nyaahna langkung ti misti
Ka umatna jaler istri, Leuwih ti sepuh pribadi.
Welas asih ka nu miskin, Sumawonna ka budak yatim
Pada seubeuh ku paparin, Kadaharan jeung pisalin.

Akuan ka urang kampung, Calik satata ngariung
Tara angkuh jeung adigung, Sanajan ka urang gunung.
Ka nu nyandak kasusahan, Gering jeung papaténan
Ngalayad sarta ngubaran, Ngajajapkeun ka kuburan.
Manis saur manis budi, Éstu mustikaning jalmi
Sajagat moal mendak deui, Sae rupi jeung parangi.

Raray lir bulan purnama, Halisna lir katumiri
Waos lir intan biduri, Salira harum wawangi.
Estu kersaning Pangeran, Lain seungit diminyakan
Karinget pada nandean, Diparake seuseungitan.
Sakitu Nabi mulyana, Taya pisan adigungna
Angkat pungkureun sohbatna, Kalangkung handap asorna.

Anggoan kersa lumayan, Najan nu geus ditambalan
Kitu deui katuangan, Banget pisan dikurangan.
Betah dina kamiskinan, Lain sabab teu kagungan
Ngahaja bae ngirangan, Ngarah karidoan Tuhan.
Pirang-pirang mu’jizatna, Tawis kanabiannana
Qur’an nu nomer hijina, Mu’jizat nu pangmulyana.

Tangkal nu perang daunna, Sisiram tilas abdasna
Ngadadak loba buahna, Sarta hirup satuluyna.
Domba nu begang kuruna, Sartana Lapet susuna
Diusap ku pananganna, Ngadadak juuh susuna.
Dina hiji waktos deui, Sohbat kakirangan cai
Teras bae Kangjeng Nabi, Mundut cai anu kari.

Cai ngan saketel pisan, Taya deui anu liyan
Nabi neuleumkeun panangan, Dumadak tuluy manceran.
Cai mancer loba pisan, Kaluar tina panangan
Sela-sela ramo pisan, Cukup ku jalma rebuan.
Kacatur hiji Bedewi, Ngadoja ka Kangjeng Nabi
Nitah nyaur tangkal kai, Sina ngomong cara jalmi.

Tuluy tangkal teh disaur, Harita ku Kangjeng Rosul
Tangkal datang ngagulusur, Akarna teh digugusur.
Ngadeuheus ka Kangjeng Nabi, Uluk salam cara jalmi
Sanggeus kitu balik deui, Ka tempat asalna tadi.
Badwi ngan kantun heran, Ningal eta kaanehan
Tuluy bae asup Islam, Ka Nabi ngangken Panutan.

Salianna loba deui, Mu’jizatna Kangjeng Nabi
Mun diwincik hiji-hiji, Keur nulisna moal mahi.
He Allah nu sifat Rohman, Abdi sadayana Iman
Teu aya deui Pangeran, Liyan titi Anjeunna pisan.
Nu ngadamel bumi alam, Euweuh saeusina pisan
Nu wajib diibadahan, Taya anu nyasamian.

Sareng abdi iman deui, Ka Sidna Muhammad Nabi
Yen eta Utusan Gusti, Miwulang sadaya jalmi.
Nu sifat kapercayaan, Bijaksana tur budiman
Bener unggal sasauran, Najan saur kaheureuyan.
Ngajembarkeun Kangjeng Nabi teh, Ka jalma sadunya kabeh
Dawuh Pangeran nu soheh, Nu wajib diturutna teh.

Hurmat urang ka Anjeunna, Dina mangsa jumenengna
Sareng saba’da wafarna, Eta teu aya bedana.
Duh Gusti Jungjunan abdi, Sidna Muhammad habibi
Pamugi salira nampi, Ka nu hina diri abdi.
Abdi Umat ahir jaman, Anu banget panasaran
Horeng tepang ngadeuheusan, Seja tumut serah badan.

Di yaumil ahir pamugi, Abdi sing janten ngahiji
Sareng indung bapa abdi, Ngiring Gusti ka Sawargi.

0 Response to "NADHOM SUNDA MAULID NABI GUSTI URANG SAREREA PDF TERBARU"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel