Kumpulan Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf A

Kumpulan Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf A
Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf A Jeung Hartina

Adam lali tapel.
Hartina : Poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.

Adat kakurung ku iga.
Hartina : Adat téh hésé digantina.

Adéan ku kuda beureum.
Hartina : Beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakéan batur.

Adigung-adiguna.
Hartina : Gedé hulu, boga rasa leuwih ti batur. Kaciri dina laku-lampahna jeung omonganana.

Ajak Jawa.
Hartina : Ngajak anu henteu saenyana. henteu terusjeung haté, ngan ukur papaés baé, supaya ngeunaheun batur.

Akal koja.
Hartina : Pinter dina kagoréngan atawa kajahatan.

Aki-aki tujuh mulud.
Hartina : Lalaki nu geus kolot pisan.

Aku panggung.
Hartina : Daréhdéh jeung méré mawéh, ngan hanjakal ku ieu aing, asa pangpunjulna, pangbeungharna jst.

Aku-aku angga.
Hartina:
1. Ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda. 
2. Ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng kalawan aya pangarahan, mamrih kahormatan atawa kauntungan.

Alak paul.
Hartina : Tempat anu lain di kieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.

Alak-alak cumampaka.
Hartina :
1. Resep jeung hayang dipuji ku batur, boga rasa pangpunjulna. 
2. Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulia jst.

Alus panggung (Alus Iaur) = Alus Iaur, hadé omé.
Hartina : Tegep dedeg pangadegna.

Ambek nyedek, tanaga midek.
Hartina : Ari napsu pohara gedéna, nganjakal teu kaanteur ku tanaga, ma'lum geus ropoh.

Ambekna sakulit bawang.
Hartina : Gampang pisan ambek.

Anak emas.
Hartina : Budak atawa kolot nu kacida dipikanyaahna. Teu kudu ku indung-bapana baé; bisa ogé ku dununganana.

Anak merak kukuncungan.
Hartina : Turunan anu hadé laku-lampahna, luhur budina, galibna sok hadé deuilaku-lampahna, luhur deui budina, cara luluhurna baé.

Anak mérak kukuncungan.
Hartina : Sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadéna, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.

Anak puputon.
Hartina : Anak nu kacida didama-damana; nu pohara dipikanyaahna.

Anjing ngagogogan kalong.
Hartina : Mikahayang nu moal bakal kasorang.

Anjing ngagogogan kalong.
Hartina : Mikahayang nu lain-lain, anu pamohalan pilaksanaeun.

Ari diarah supana, kudu dipiara catangna.
Hartina : Naon baé anu méré hasil ka urang kudu diurus bener-bener.

Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed.
Hartina : Ari umur geus luhur, tapi haté ngongoraeun kénéh.

Asa dijual payu
Hartina : Nunggelis euweuh batur, karana ditinggalkeun.
Asa dijual payu.
Hartina : Ngungun duméh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung ti bapa.

Asa ditonjok congcot.
Hartina : Meunang kabungah anu gedé, anu saenyana teu diarep-arep.

Asa ditumbu umur.
Hartina : Boga rasa kahutangan budi nu pohara gedéna, sabab kacida tumarimana ditulungan keur waktu nandangan Iara atawa meunang karerepet anu gedé.

Asa nanggeuy endog beubeureumna.
Hartina : Kacida nyaahna.

Asa nyanghulu ka jarian.
Hartina : Ngawula ka nu sahandapeun umur, pangarti atawa pangalamanana.

Asa potong leungeun katuhu.
Hartina : Leungiteun jelema anu pohara hadé gawéna.

Asa rawing daun ceuli.
Hartina : Teu ngeunah haté ku lantaran remen pisan ngadéngé omongan batur anumatak teu ngeunah.

Asa tungkeb bumi alam.
Hartina : Rarasaan jelema anu pohara bingungna, nuju poék mongkléng pipikiranana.

Asak warah.
Hartina : Cukup atikan (didikan). Cirina : Henteu dusun, basajeung paripolahna merenah euweuh nu salah.

Atah warah.
Hartina : Kurang atikan (didikan). Cirina : Dusun. Basa jeung paripolahna loba nu salah.

Ati mungkir, beungeut nyanghareup.
Hartina : Palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu. Siga nyaah, tapi henteu jeung saterusna.

Ati putih, badan bodas.
Hartina : Bérésih haté, teu aya geuneuk-maleukmeuk.

Aub payung, sabet sapon, sabasoba.
Hartina : Wewengkon, ngeunaan tanah.

Awak sabeulah.
Hartina : Teu rimbitan, mun ninggang di awéwé teu boga salaki, mun ninggang di lalaki teu boga pamajikan.

Awak sampayaneun.
Hartina : Maké pakéan nu kumaha ogé lucu baé, pantes baé.

Awak sampayaneun.
Hartina : Maké pakéan nu kumaha baé ogé, katénjona pantes atawa lucu baé.

Awak satilas.
Hartina : Jangkung lenjang.

Aya astana sajeungkal.
Hartina : Anu mustahil ogé bisa kajadian. Upamana budak leutik kénéh geus maot,sabab sasarina mah nu geus kolot pisan anu maot téh jst.

Aya bagja teu daulat.
Hartina : Arék meunang bagja atawa kauntungan, tapi teu tulus.

Aya di sihung maung.
Hartina : Ku lantaran loba kawawuh gegedén, dina aya karerepet atawa kaperluananu penting téh, gampang naker meunangna pitulung.

Aya jalan komo meuntas.
Hartina : Aya pitantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.

Aya jalan komo meuntas.
Hartina : Eukeur mah aya maksud, turug-turug aya pilantaraneunana.

Aya jalan komo meuntas.
Hartina : Aya lantaran anu diarep-arep ti tadina, nepi ka maksud urang gancang kahontalna.

Aya peurah.
Hartina  : Aya komara, aya harga, aya pangaji.

Aya réngkolna.
Hartina : Aya tulisanana.

Ayakan tara meunang kancra.
Hartina : Nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung pangasilanana.

0 Response to "Kumpulan Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf A"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel