Rupa-Rupa Istilah Dina Kaulinan Langlayangan

Rupa-Rupa Istilah Dina Kaulinan Langlayangan

Rupa-rupa istilah dina kaulinan langlayangan:

  • Kapakan = langlayangan leupas/pegat sorangan henteu karana diadu.
  • Godos = langlayangan keur diadu terus 1ésot/misah deui.
  • Nyasar =  ngaduan langlayangan batur lain tina gelasanana.
  • Ditataran = diulur, dibéréan sina luhur.
  • Dikubet = dibetot kalawan ngagentak dina diadu.
  • Digibrig = ngadu langlayangan ku cara dicentok-centok, henteu loba ngulur.
  • Digombél = ngadu diulur bari langlayanganana sina”hirup”.
  • Kebluk = langlayangan hésé disarang-séréngna.
  • Gélényé = gampang disarang-séréngna jeung teu daék anteng.
  • Gédég = ngapungna kérétég (ngagibrig), biasana alatan tali timbana handap teuing.
  • Mayung = langlayangan nanjung kawas payung.
  • Mumbul = langlayangan nu leupas beuki ka luhur.
  • Nyéréng = malik ka kénca atawa ka katuhu.
  • Nutug = langlayangan nyirorot.
  • Wangkong = gambar langlayangan.
  • Cacap = béak pangulur tina golonganana.
  • Ngarucu = moro langlayangan.
  • Rérénténg = bola/kenur nu diberendil-berendil paragi ngabandang.
  • Ngabandang = néwak langlayangan nu éléh ku langlayangan deui.
  • Ngarebol = megatkeun (maling) benang/gelasan batur nu langlayanganana geus éléh atawa kapakan.
  • Gelasan = benang seukeut husus paragi ngadu, biasana maké campuran bubuk beling, silikon, atawa salatin.
  • Tali timba = tali langlayangan antara beuheung jeung tungtung beulah handap
  • Rarancang = rangkay langlayangan
  • Tali barat = benang dina rarancang antara tungtung hulu jeung Jangjang

0 Response to "Rupa-Rupa Istilah Dina Kaulinan Langlayangan"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel